Ari ceuk kuring mah ngadu (judi) bakal hese ngabasmina, ngan henteu 
we nyebutkeun pamohalan mah. Sabab memang aya sabagian masyarakat anu 
resep kanu ngadu ieu. Diteumeunangkeun oge ku pamarentah malah maling-
maling. Nu resep ngadu, sagala rupa oge bisa dijieun bahan eukeur 
ngadu. Kuring kungsi nyaksian tukang beca marelong nomer mobil nu 
ngaliwat, ari sugan teh keur naon, ari pek teh "nebak" nomer mobil nu 
ngaliwat, dipake tutumpangan duit!

Aya deui dongeng babaturan urang Yogya, harita keur jaman SDSB. Boga 
kolot di yogya tinggal kolot lalakina. Kulantaran karunya ukur 
sorangan di Yogya, kolot manehna teh diajak cicing bareng di 
perumahan instansi Pamerntah di Tangerang. Tapi ukur meunang dua 
bulan, kolotna teh keukeuh hayang balik deui ka Yogya, embung cicing 
jeung anakna. Alesanana, cenah manehna kasepian di imah anakna mah, 
henteu bisa "ngarumus" soal "nomer buntut" anu rek kaluar. Ari di 
Yogya mah, geus loba balad, balad ngarumus ..........hehehehe.

Kungsi aya nu naros ka tukang beca, kunaon atuh resep wae masang 
buntut? apan judi teh nyangsarakeun sorangan? Jawab tukang beca teh, 
maksud masang buntut teh sugan we meunang duit gede anu moal bakal 
kaalaman lamun digawe ukur ngabeca. Dina teu meunangna oge, meunang 
ngimpina, beda jeung teu masang, teu aya ngimpi-ngimpina acan!

Janten kudu kumaha dikumahakeun atuh "judi" teh? .....ah nya duka 
atuh ........

Baktos,
WALUYA

 
--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> tah mun geus kieu atuh kumaha carana urang bisa ngabasmi judi teh, 
asa pamohalan da nu purah ngabasmina oge kabagean hasilna
> 
> nana
> 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke