Punten Kang Oman sareng sadayana, sanes bade manjangkeun, tapi bade ngagunakuen hak waler, ngarah imbang 2-2 hehehe... 
 
Kang Yaya sareng Bah Willy, saleresna mah inti postingan abdi kamari teh sanes perkawis halal/haramna legalisasi sareng dampak ekonomi vs sosialna. Mung upami MISALNA DILEGALKEUN, kumaha sikep urang (masyarakat) utamana pamarentah ka saderek2 urang nu muslim: naha diantep, naha dihimbau (sapertos usul Kang Yaya pikeun masang spanduk tea), naha dicaram (alias legalisasina teh kanggo nonmuslim wungkul)? Naha kumaha?
 
Patarosan ieu teh pakait sareng wajibna amar ma'ruf nahi munkar (AMNM), kieu: naha AMNM teh perlu diformalkeun ku pamarentah dina bentuk legislasi (ieu panginten kebaikan yang terorganisasi Kang Oman?), atawa diserahkeun ka individu tea? Kapaur badi u
pami ku urang diantepkeun, aya anceman yen mun hiji kaum ngantepkeun (teu nyaram) hiji maksiat nu aya di kaum eta, Allah SWT bakal nurunkeun adzab ka kaum eta di dunya ieu nu teu diwiji-wiji nu soleh atawa nu teu soleh, alias nu judi jeung nu teu judi keuna. Keun we da di aherat mah nafsi2. 
 
Janten sapuk lah aya untungna legalisasi judi teh. Mung salangkah kapayun, naha peryogi pamarentah ngadamel suprastruktur peraturan keur palakuna oge. Misalna ieu mah: pikeun mulsim tetep haram; atawa MISALNA muslim meunang judi asal geus boga panghasilan sabulan minimal 10 juta; atawa khusus muslim nu hayang judi maksimun judi 20% tina gaji. Janten salian dilegalisasi, aya oge perangkat hukum pikeun mere koridor (sakaligus ngajamin)  hak tiap individu pikeun milih. Koridor ieu diperlukeun pikeun ngaminimalkeun dampak sosial tina tindakana muslim nu resep judi tea. 
 
Kaduana, naha kedah ngangge cara kontroversial siga kieu pikeun 15Trilyun sataun? Indonesia tiap taun bayar bayar bunga hutang LN 90Trilyun. Saha nu "menikmati"? duka tah tapi nu kudu bayar mah rahayat! Taun kamari Argentina sukses menta dihapus hutangna Rp600Trilyun, presidena meni ngagontawang: "Kami geus teu bisa mayar hutang, sayah teu hayang meres rahayat kula pikeun mayar ka anjeun (IMF & WorldBank) nu geus nyata2 sugih!". 
 
Kunaon Indonesia teu merjuangkeun menta dihapus hutang tibatan neang nu kontroversial? Pan urang teh hiji2na bangsa nu can kaluar tina krisis 97, na geuninga malah mandar LSM eropa (EURODAB) nu ribut menta dihapuskeun hutang urang. Ari urang Indonesia malah cicing2 we! Bayangkeun 90Trilyun per taun pikeun bayar bunga wungkul..... 
 
Pamungkas, punten sakedik ka Kang Yaya: "..ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik  ge...da sedep!!!" santey we kang, teu peryogi nyerang kualitas personal da ieu mah da diskusi sanes debat kusir. Sareng saha nu tiasa nganilai hate batur? boa2 leres batur nu teu panuju kana legalisasi teh (enya PKS tea) boga alesan ilmiahna? Nu dituduh can tangtu munafik, nu nuduh geus keuna hiji kagorengan, lebar Kang.
 
Mangga lajengkeun da ieu mah panutup, punten bilih aya nu kirang sae dina ucap sareng kecap.
 
Baktos, Yudi 
--- In [email protected], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
> Sapuk kang Waluya, kuring sapamadegan...
>
> Moal bisa urang ngomong kieu ka bangsa sejen:"..di nagara kami mah euweuh lacur, euweuh judi, sabab dilarang ku pamarentah jeung agama....". Ceuk saha?..omsetna lewih badag batan dinagara nu dilegalkeun deuleu!!! di Malaysia diatur pamarentah, omsetna leuwih leutik batan di Indonesia yang agamis dan moralis sekaligus koruptorrisss.
>
> Tong tong kukulutus siah mun jelema nu loba duit ngamonyah-monyah duitna di X-mas island, di Bukit Genteng, di Thailand, tong kukulutus siah mun duit urang diangkutan kanagara sejen....bongan sorangan teu dibere tempat jeung jalan di nagarana....karunya nya duit urang sumebar di batur....di urang mah mangga bae nyetakan artos...sanes ngahasilkeun atawa muterkeun artos.
>
> Judi-lacur, goreng siah deuleu....tapi diantara nu goreng teh aya nu mending sanajan tetep goreng. Da geus puguh teu bisa dilarang, tong boroning ku nagara (ku manusa), geuningan dilarang ku Allah ge anger bae. Lacur, liar (teu dilokalisisi), teu di kontrol, teu unggal 3 bulan di cek awewe nu icalan "software" na, tong gegelendeng siah mun aids, gonorhoo, jeung sajabana sumebar teu katangen teu kapalire, tong gegelendeng siah mun diantara kulawarga anjeun kakeunanaan...bongan teu dikontrol teu dilokalisasi..geus puguh lacur teh teu bisa dilarang.  Judi, beu judi, hese deuleu, nyeta atuh mun teu disengker lewih awut-awutan dampak sosialnateh, nya kedah nyadar atuh hese diwagelna, kusabab hese diwagel  nya kedah diwadahan sangkan teu nerekab, da geus puguh moal tiasa dihulag.
>
> Lacur jeung Judi teh siah duduluran jeung narkoba, mahabu siah narkoba di urang teh, tah kumargi judi sareng lacur teu duurus-teu dilokasir...nerekab siah deuleu narkoba teh....cik barenta atuh..ulah api-api teu nenjo euweuh lacur-euweuh judi nu duanana mangrupakeun sayang narkoba, cobi mun tempatna diatur diawasi, dititenan, diparios....sahanteuna bisa  katangen tah dampak teh......teu kaharti nya omongan uing??? hese nya??? enya hese...nu mawi mending nyebat teu satuju kana lokalisir jeung legalisir judi teh nya .... ameh beres lumpat tina pasualan, jeung katempona alim, soleh, moralis, jeung agamis, wios munafik  ge...da sedep!!!
>
> Sanajan aya di Arab, nu goreng mah goreng, ningan loba TKW diperkosa, sanajan aya di Holywood tempat Bo Derek ngadengkakeun pingpingna, geuningan aya keneh nu alus buktina loba artis Holywood nu marere duit ka korban Aceh. Tah kitu oge, dipasantren ge sok aya nu goreng,atuh kitu deui di lokalisasi sok aya nu alus sanajan saeutik.
>
> Lokalisasi jeung legalisir judi teh maksudna keur nyengker meh teu nerekap, meh kaatur sangkan ulah siga kanker nerekab kamana-mana. Enya goreng...goreng pisan uing ge satuju pisan...ngan nyaeta teu bisa dilarang teu bisa disingsieunan...mendingan disengker-diwadahan sangkan dampak sosialna katangen......
>
> Mun teu kop ku ilaing halangan...ningan fatwa ge teu bisa ngahalangan.....
>
> ah enggeus..ah....
>
> KangYa
> Tungtung Seoul


--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]


Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke