salah sahiji cara hiji nagara atau pamarentah deungeun-deungeun di kulon pikeun ngumpulkeun modal pikeun ngawangun, nya kucara ngumpulkeun dana ti rahayat ku cara lotere. sacara sistem hukum nagara, eta teh kaci. tapi di nagara batur.
sanajan teu kungsi apal, asana kungsi di urang baheula, aya nalo. nalo teh ti nasional lotre. meureun ngarana teh undian nasional. sawareh pikeun waragad pangwangunan, sawareh pikeun panitia oge hadiah. beh dieu, sabab ieu olah ragi di ieu nagri butuh biaya, nya diayakeun SDSB jeung sajabana. make basa cap orde baru tea. undian jadi sumbangan dermawan sosial berhadiah. aya deui sumbangan sosial berhadiah (SSB) eta meunang niru ti luar ti nagara (sebut we) sekuler, make cara nalo atau undian nasional. ari nagara sekuler teh, (sebut we) sistem nagara misahkeun urusan jeung agama, jadi eta aturan kaci. masalahna nagara urang mah teu puguh, sekuler lain, nagara agama oge lain. jadi aya tabrakan sistem. ceuk aturan nagara batur kaci, tapi ceuk kalolobana rahayat, henteu da raham. sarua jeung sistem bunga di bank. ku aturan sekuler, eta kitu nya sistem ekonomina, bunga teh rasionalna, minangka ongkos/buruh pikeun bank. tapi nu ngaran bunga (interest) mah tetep haram, sukur ayeuna loba bank nu muka versi syariah. bagi hasil tea. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

