Deudeuh teuing awewe bangor (baca pelacur) mani sapapandekeun jeung 
runtah abong-abong sarae akhlak jeung moralis. Awewe bangor mah-awewe 
bangor bae sanes runtah atawa sampah.

Sampah/runtah diwadahan, pinuh, mancawura, pabayatak, akhirna teu 
kawadahan....bongan bae naha runtah nu geus diwadahan teh teu diurus, 
teu diduruk, teu dipilihan anu bisa keneh digunakeun (diproses ulang), 
atuh runtah organikna bisa dijieun gemuk atawa kompos.....tah si runtah 
teh aya gunananing...poho siganamah yen kabeh nu aya didunya teh aya 
fungsina, nyeta atuh jelema mah sok asa aing uyah kidul tea, asa aing 
pang benerna, padahal jelemamah baharu...naon nya baharu teh???

Runtah nu bayatak tangtu bae nungtung masalah, nya kudu diwadahan, geus 
diwadahan teh geus kokolakeun, urus sing bener sing jadi barang anu aya 
fungsina....enya hese...ngahujat nu babarimah.

Awewe bangor teh atuh mun geus diwadahan mah (baca dilokalisir), nya 
diurus atuh sing bener, dibeberes, dididik tah kupara akhlaknese teh, 
dipapagahan, dibere pengarahan, sangkan bisa aya gunana....nyaenya atuh 
bakal numpuk ari teu kokolakeun mah.....

Hade roman karya Holisoh ME nu meunang pangleler Rancage, nu judulna : 
Kembang-Kembang Petingan, nu ditulis sabada lokalisasi Badama Tanjung 
Sari ditutup (baca diduruk). Enya horeamlah maca teh..mendingan 
ngahujat...

Deudeuh teuing awewe bangor, sanajan cenah, sakali deui cenah 
runtah...anger aranjeun makhluk Allah. Ngan makhluk Allah sejen nu 
ngahakiman aranjeun runtah, manage runtah...runtah...saha nu miceun 
saha nu ngahujat....bongan teu diurus....ngan saukur dijejeleh bari teu 
diropea....runtah ambek akhirna nindihan jalma. Punten bae pami aya 
awewe runtah dendam ka awewe "bermoral", bongan maneh ngajejeleh bari 
jeung teu mere lolongkrang....

Heuheueueueu.....karunya runtah!!!

KangYa
Tungtung Seoul







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke