Ngarewong ah Kang Firman hehe ...

Upami teu lepat aya buku ipis judulna "Babad Tanah Cerbon". Dina ieu 
buku dicarioskeun yen Sunan Gunung Djati (SGD) kantos ka Nagri Cina 
diondang ku Kaisar Cina tea. Deuk diuji cenah pedah SGD 
kawentar "bijak bestari".

Ujiana kieu: salahsahiji putri Kaisar dipiwarang munikeun baskom 
tambaga handapeun raksukan palebah patuanganana. Teras SGD ditaros ku 
Kaisar: "Cikan, anak kula bener teu keur midua (hamil)?" Waleran 
SGD: " Enya, bener keur midua inyana teh". Eta Kaisar ngagakgak bari 
jeung satengah ngaledek nitah SGD balik ka Cerbon.

Pondok carita, sabada SGD mulang. Si putri teh sasadu ka Bapana yen 
baskom teh leungit tur beuteungna jadi ngagedean (duka hamil henteuna 
mah). Atuh Kaisar teh garo-garo teu ateul. Tuluy nitah eta putri 
nyusul SGD ka Cerbon. 

Pondok carita deui, der we duanana nikah. Tah ti pernikahan eta, 
lahir Pangeran Aria Kamuning (pedah kulitna koneng ngala ka Indungna) 
nu dianjrekeun ku Bapana di daerah Luragung (Kuningan Wetan). 
Katurunana Pangeran ieu nu jadi urang Kuningan. Jadi Urang Kuningan - 
Cirebon teh dulur keneh.

Duka mitos duka leres ieu teh ...
Sok ah mangga lereskeun Kang Dur, Kang Didi, urang Kuningan-Cirebon 

Nyanggakeun
Yudi


--- In [email protected], "FIRMAN RAHARJASEAK" wrote:
> Ngarewong ah kang Waluya
>  
> Cenah ceuk saur nu soheh baheula teh aya putri Cina kawin ka 
gegeden (sultan atawa sabangsana) cirebon jadi di cirebon mah pasti 
aya budaya cina heubeul nu kabawa ka dieu contona motif batik cirebon 
nyaeta mega mendung 
>  
> tapi meureun eta ge kang he he he he 
>  
> -firman- > kalahkangalilieurbatur





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke