heuheuheuheuheu...Hatur nuhun ah kang SR Juragan Keom...
ubar rieur yeuh... sok ateuh tambihan deui..
 
mairan ngeunaan " PAMALI"... ceuk kuring sorangan mah da ahhh... teu asup kana logika mah lewat wae...
saperti teu meunang nagog di lawang panto..kan cenah pamali bakalan nongtot jodo... tah baheula sok dicarek kunu jadi kolot teh cenah bisi nongtot jodo..ahh dihajakeun wae... jeung ngenta alesan anu logis..
tah geuningan anu jadi indung teh rek liwat eta lawang panto bari mawa bungkusan..kulantaran aya kuring keur nagog didinya, jadi kan teu bisa liwat? tah anu benerna mah anu logis nya teu meunang nagog dilawang panto teh kulantaran ngahalangan jalan.. sami jeung anu lain samodel ngagunting kuku peuting peuting... teu meunang soteh baheula keur can aya listrik da logikanamah bisi anu kagunting teh lain kuku tapi oge kulit / daging ramo urang..tah geus aya listrikmah da caang kabeh jadi meun enya nepikeun ka gunting oge salian ti kuku eta mah alatan teu ati ati weee...
 
tas ahh... kuring mah da bisana ngacaprux wungkul...
 
mangga bade titeuleum deui...ah....
 
Kang Akos,
kumaha tos rengse teu acan? abdimah da HP ngirining wae teh anu maksa miwarang abdi nyerah tur ngajak nego.. heuheuheuheu...
 
Baktosna,
����p Wahyu
-----Original Message-----
From: syam ridwan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, April 19, 2005 10:10 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pamali

Kecap pamali  ilaharna sok dilarapkeun kana hal-hal anu dipantang boh kana kadaharan atawa  tingkah paripolah. Geus hiji kapercayaan  lamun hal-hal anu geus dicap pamali lamun  dilanggar  sok jadi mamala. Pikeun kolot baheula kecap pamali mangrupakeun jurus pamungkas pikeun nyaram hal-hal anu dilarang. Lamun ceuk kolot geus nyebutkeun pamali, geus teu bisa ditawar-tawar deui atawa teu kudu ditanyakeun deui naon sababna yen eta teh teu meunang. Beda deui jeung jaman ayeuna, lamun aya nu nyebutkeun pamali, malah sok malik nanya, naha ? naon sababna ? jrrd. Kakara ungut-ungutan tur kahartieun lamun alesanana asup kana uteukna. 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke