Ceuk beja teuing ti saha
Kunaon cenah urang Batak leuwih sukses hirupna tinimbang urang Sunda?
cenah eta balukar bedana reaksi indung si Ucok eujeung reaksina indungna si Ujang
sawaktu anakna ieu pada arek lunta ka kota.
Ari indungna si Ucok sawaktu nyahoeun anakna arek lunta ka Jakarata mamagahan kieu
"Pintar - pintar kau lah disana" sedengkeun indungna si Ujang sawaktu nyahoeun anakna
arek miang ka Batam mamatahan kieu "Ati -ati nya Jang dipangumbaraan"
Diantara dua nasehat indung ka anak ieu saliwat mah euweuh pangaruh nanaon, tapi
lamun ku urang dilenyepan aya perbedaan anu jauh pisan, indungna si Ucok ngajarkeun
anakna supaya ngagunakeun akalna dina sajeroning ngayonan kahirupan anu memang henteu
gampang sedengkeun indungna si Ujang ngajarkeun ka anakna supaya ulah poho kana
pamali. (sugan eta ge).
Tah kecap anu dikurungan bieu diluhur ge nunjukeun ka ati - atian / sieun salah
Wassalam
Nana Sutrisna
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kecap pamali ilaharna sok dilarapkeun kana hal-hal anu dipantang boh kana kadaharan atawa tingkah paripolah. Geus hiji kapercayaan lamun hal-hal anu geus dicap pamali lamun dilanggar sok jadi mamala. Pikeun kolot baheula kecap pamali mangrupakeun jurus pamungkas pikeun nyaram hal-hal anu dilarang. Lamun ceuk kolot geus nyebutkeun pamali, geus teu bisa ditawar-tawar deui atawa teu kudu ditanyakeun deui naon sababna yen eta teh teu meunang. Beda deui jeung jaman ayeuna, lamun aya nu nyebutkeun pamali, malah sok malik nanya, naha ? naon sababna ? jrrd. Kakara ungut-ungutan tur kahartieun lamun alesanana asup kana uteukna.Istilah pamali diurang sunda mah kaasup pangreana, contona mun urang keur nyanghareupan bakakak hayam, nek murak huluna cenah pamali sok tereh huisan, nek murak tunggirna pamali bisi dipangnunggirkeun ( ditinggalkeun maot ngora-ngora), nek murak cekerna, ulah bisi tulisanan ceker hayameun. Komo deui keur para wanoja nek kaditu kadieu, nek am itu nek am ieu meuni heurin pisan ku pamali, timimiti ulah diuk dina bangbarung nepikeun ka ulah murak dewegan sagala. Naha ? Naon sababna? Kitu meureun ceuk wanoja nu can ngarti bari ditungtungan ku ngomong kieu, "ah eta mah mitos !" Bener oge mun aya nu boga pamikiran kitu, da asa can ngadenge, gara-gara mindeng diuk dina bangbarung sok nongtot jodo. Ari geus watekna, najan diukna pindah kana golodog atawa nepikeun ka lunta lanto ka mol sagala, tetep we jomlo. Lain jomlo ketah ngan tinggal nunggu waktu, ngan nunggu waktuna lila pisan.Sagedengeun ti eta, moal sapati pati kolot urang ngaluarkeun kecap pamali lamun euweuh hartina. Baheula nepikeun ka ayeuna loba keneh anu percaya, yen keur bulan mulud ulah kutrak ketrok kana wangunan boh ngaropea atawa ngawangun anyar, pamali cenah. Bener henteuna mah mun dilanggar matak jadi mamala, wallahualam ! Tina sabagian tingkah polah anu dipamalikeun sok aya nu ngandung siloka, contona,awewe ulah sare ngahiji jeung lalaki anu lain muhrimna, pamali bisi pacampur getih. Kecap pacampur getih didieu, ngandung siloka yen mun sare ngahiji jeung lain muhrimna bisi ngalakukeun hal-hal anu dilarang ku papagon agama.Kiwari anu ngarana pamali loba nu geus dianggap ilahar dilakukeun, teu inggis deui ku bisi teu rempan deui kusugan. Abong jamanna geus robah. Mun disaliksik tur dikotektak ngaguar masalah pamali mah moal aya beakna, "wong urang sunda mah gudangnya pamali" malah kiwari aya beja nu matak ngaranjug para jengkol mania yen "Pamali murak semur jengkol!" ulah waka reuwas sabab beja eta datangna ti bumali pamajikanana pamali. SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

