Kungsi maca Wawacan Gagak Lumayung? Diantarana nya nyaritakeun kajadian Kean Santang (Gagak Lumayung) tepung jeung Sayidina Ali r.a.

Ngeunaan hal ieu, mun migunakeun metode nu ilmiah (sabab can aya nu kungsi manggihan/nyieun mesin waktu), urang bisa ngabantah kana ieu carita. Sayidina Ali jumenengna teh mangsa abad ka-7 (ahir), ari Kean Santang, mun ngukur ka Sri Baduga, ramana, kumelendang di alam dunya teh abad ka-15/16 (BMS, benerkeun mun salah). Gesehna ge ampir samilenium, 8-9 abad, teu logis pan?

Ngeunaan jadi maung (kuring kungsi oge maca carita di situs paranormal.or.id?), kudu kumaha atuh ngajawabna? Aya jelema bisa jadi maung?

sikandar

On 4/21/05, Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu abdi pernah nguping duka leres duka henteu :
Yen Prabu Kiansantang memang putra ti Prabu siliwangi anu ngumbara
sareng sareng lanceukna Rara Santang ka zajirah arab, pendak sare
sayidina Ali, teras guguru ka anjeuna.
Teras mulang ka Jawa kanggo nyebarkeun agama islam terutami di daerah
padjajaran. Dupi lanceukna netep di zajirah arab nikah sareng urang ditu
( saurna masih keluarga Rosullullah ).


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke