Kalayan nyebat asmana alloh!
Bagea baraya!
Saukur babagi wawar, ceuk ceunah nu nganggem elmu batin islam-kasundaan. Kean Santang/ Gagak Lumayung/ Sang Lumajang Perbu/ Pangeran Cakrabuana/ Sunan Rahmat Suci/ Sunan Godod Garut/ jrrd, ngabogaan 99 ngaran jeung 99 makom di nusantara/ kaasup Malaya!
Kaayaan ieu pisan ceuk ceunah oge nu ngajadikeun Kean Santang teh teu kacaturkeun jentre dina sagala babad.
Panambih bin mindo ieu mah, ceuk ceunah oge sakadang Kalong teh badegana anjeuna, matakna di sunda mah salian ti maung, kalong oge sok dijadikeun simbol kadigjayaan.
Duka leres henteuna mah, da can kaparengkeun keur ngotektakna.
Iwal Alloh nu uninga.
cag,
-pun adi-
*********************************
On 4/21/05, Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari tos di baca ti nyadak ti situs naon hilap deui..Puguh eta anu jadi tanda tanya besar? ari kitu saha saleresna ari Kian Santang teh?Perkawis anu ngajirim janten macan, mitos eta dugi ka ayeun masih dipercanten ku masyarakat dareah Sancang jeung sakitarna ( margi abdi ti Pameungpeuk ) jeung seur di daerah pakidulan banten.Hayu.. urang sadayan anu tiasa masihan data... supados urang terang kana sajarah karuhun urang.
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of kumincir
Sent: Thursday, April 21, 2005 3:37 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] SILSILAH RAJA PADJAJARANKungsi maca Wawacan Gagak Lumayung? Diantarana nya nyaritakeun kajadian Kean Santang (Gagak Lumayung) tepung jeung Sayidina Ali r.a.
Ngeunaan hal ieu, mun migunakeun metode nu ilmiah (sabab can aya nu kungsi manggihan/nyieun mesin waktu), urang bisa ngabantah kana ieu carita. Sayidina Ali jumenengna teh mangsa abad ka-7 (ahir), ari Kean Santang, mun ngukur ka Sri Baduga, ramana, kumelendang di alam dunya teh abad ka-15/16 (BMS, benerkeun mun salah). Gesehna ge ampir samilenium, 8-9 abad, teu logis pan?
Ngeunaan jadi maung (kuring kungsi oge maca carita di situs paranormal.or.id?), kudu kumaha atuh ngajawabna? Aya jelema bisa jadi maung?
sikandar
On 4/21/05, Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Ieu abdi pernah nguping duka leres duka henteu :
Yen Prabu Kiansantang memang putra ti Prabu siliwangi anu ngumbara
sareng sareng lanceukna Rara Santang ka zajirah arab, pendak sare
sayidina Ali, teras guguru ka anjeuna.
Teras mulang ka Jawa kanggo nyebarkeun agama islam terutami di daerah
padjajaran. Dupi lanceukna netep di zajirah arab nikah sareng urang ditu
( saurna masih keluarga Rosullullah ).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

