Assalamu'alaikum wr wb.
Abi oge maca di Kompas perkawis Anne Ahira
teras aya Bulk di Email.
asa ku ragu ningali cara bisnis-na
kumaha hukum-na, sabab usaha atanapi garapan usahana teu real alias teu jelas alias teu .... aya kitu usaha teu modal kenging hasil ?
eta teh istilahna judeng sanes
komo aya embel-embel hadiah TIGER, KIJANG jst
Hapunten sateuacana

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ka sadayana bae,
 
Mataholangna (intisarina) si kuring miluan sababaraha MLM (kalawan teu pati terang-terangan promosi di milist, da teu etis tea) oge mindeng ngusulkeun bisnis anu nyoko kana kamampuhan jeung karya-karya brilian US (anu ieu terang-terangan, upamana: Hydrasil, Glyfox, Grammor, wisata perjalanan/sejarah, family homestay, jrrd) taya lian sakumaha kasauran Kang Irpan di handap: anu penting aya buktina jeung sabisa-bisa duit US muter di US deui. Kitu pisan.
 
Ngan nya kitu, kangaranan di milist, anu ceuk MJ mah, kalolobaana urang lebet ka milist teh ukur "selingkuh" tina kasibukan sapopoe di tempat pagawean, nya teu acan aya anu daria dikokolakeun babarengan, kaasup jejer pangemut Kang Irpan. Sigana dina waktu ieu mah sadaya ide-ide teh cul leos bae.
 
Dina lebah MLM, si kuring aya kahayang ngajak ka balad US, nya sangkan upama lebet MLM teh ngiring ka anggota Kusnet anu tos ti payun (teu kudu ka kuring bae), upama kadang wargina (dulur sagetih) teu aya anu ngiringan dina eta bisnis MLM (upami aya mah nya tangtu bae payunkeun dulur sagetih). Tapi eta mah sakadar usul, pamustunganana mah demokratis bae, lain soal mana anu bener, tapi mana anu suka (kitu meureun).
 
Anu jelas, dina bisnis naon bae, tangtu kudu aya modal. Si kuring rada cangcaya kana bisnis internet anu heunteu make modal. Oge aya sistemna anu jelas. Paniatan mah asup kana hiji MLM teh hayang kacangking elmuna, apal sela-selana, sangkan upama ngaguar teh bener-bener kaluar tina pangalaman lain diwangwang ti kajauhan.
 
Kangggo kang Kamal: hapunten si kuring heunteu terang kana model bisnis anu ku salira ditaroskeun.
 
Panutup: pangrojong si kuring moal diwilah-wilah, ka saha bae, kana bisnis naon bae anu sae tur mawa manfaat. Hayu urang lakonan kalawan syarat-syarat sakumaha dina bisnis naon bae ilaharna.
 
baktos,
manAR
http://www.eliteteamindonesia.com/64177


 
On 4/21/05, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
assalamu'alaikum ka sadayana.

nu penting, aya buktina aya barangna.
ceuk cenah mah disebut na teh "Sektor Riil" tea.
jadi duit US teh muterna di US-US keneh,
teu kaluar ka Munding bule atawa  ka Monyet peureum.

sakitu ti kuring,

"HALING KU AING"









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke