Ieu mah tambi sepi we......
Kanggo anu sok kunyat-kenyot roko siga sim abdi, anu tara mah talapung wae.
Khusus kanu sok nyesep roko Gudang Garam International (Garpit), dina bungkusan roko Garpit palih gigir, aya seratan : TAR : 35 mg sareng NIKOTIN : 1.7 mg , leres kitu...???.
Hiji-hijina roko Indonesia anu resmi lebet ka Korea sareng gaduh perwakilan di Korea mung Gudang Garam wungkul, sedengkeun upami di Korea mah sagala anu dikonsumsi ku rahayat, kedah disebatkeun ; bahan sareng kandungan dilebetna.
Wangsul kana masalah TAR sareng NIKOTIN dina Garpit, di Korea eta seratan dina bungkus Garpit ditutup ku stiker nganggo tulisan Korea, TAR : 42.6 mg sareng NIKOTIN : 2.04 mg.
Anu janten patarosan mana anu leres TAR : 35mg/NIKOTIN : 1.7mg atanapi
TAR : 42.6mg/NIKOTIN : 2.04mg.
Salajengna mangga nyanggakeun kapara wargi khususna anu terang kana perkawis nukararitu da sim abdi mah lapurrr...
Pihatur
ssw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

