Salawe jadi saleuwi......heuheuheu
 
 
Neng Iva

Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salawe
Boga duit salawe
Baheula mah bisa meuli satiir sate
Bisa meuli gorengan tempe
Bisa meuli langlayangan hade
Tapi ayeuna boga duit salawe
Teu mahi jang mayar ka wese
Komo deui jang mahugi awewe
Meureun bisa ngalelewe
Najan boga sarajut rebuan lawe
Tetep we nu ngarana duit salawe
Teu bisa dipake mayar najan ngan ukur saese
Tungtungna duit salawe diliangan dijarieun gengge
Deudeuh teuing duit salawe
Najan ngan ukur salawe
Duit sajuta moal jejeg mun kurang salawe
Tapi tetep dialana mah hararese
Mun awewe dibere duit balanja salawe sapoe
Paroman baketrut, letahna ngelel kawas anjing tas cape
Tapi mun dibere sapoe sapuluh rebuan lobana salawe
Paromanana ngadadak marahmay bari lunda lende
Ngalamun heula ah... meungpeung keur rada salse
Mun boga gajih lima puluh juta kurang salawe
Meureun kahayangan teh ngan ukur eta we
Hayang jadi kanyataan, meureun asyik kali ye!

Lain rek ngalelewe komo deui mere lawe
da puguh duit lawe mah geus langka jeung hese
ieu mah estuning sarua keur pada-pada nyalse
atuh hawana teh hayang ngagelehe....

ulin di bandung moal cukup kusalawe
komo bari jeung mawa awewe
tapi kudu mawa bekel nu rehe
sok sanajan kurang salawe

peo ieu hayangna mah dahar lele
tapi hanjakal euweuh nu mere
komo deui meuli ku duit salawe
tungtungna pikiran jadi bete

Ayeeeeeeeeee.....!!!!

Mun akang hoyong nuang lele
Ngusep di balong haji duyeh
Ngan kade tong bari mawa duit salawe
Bilih disangka meregehese

Salawe

Enya baheula mah kaasup duit gede
Kacida hesena neangan duit salawe
Kudu loba cabak,  loba gawe
Gawe anu lain jore-jore
Unggal poe, tiisuk tepi ka sore

Enya ayeuna lain kaasup duit gede
Tapi tetep hesena neangan duit salawe
Meureun pedah geus kaasup nu teu dipake
Da teu payu ka naon bae
Komo mun jeung mahugi ka awewe

Baheula jeung ayeuna geuning sarua hese
Sarua hese neangan duit salawe
Sarua hese nengan gawe
Sarua hese sieun teu payu ka awewe
Sarua sieun teu kapake


Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke