|
Asal usul kecap
mustahil
Hiji mangsa si Kabayan ngahadiran rapat di
desa, disatengahing rapat si Kabayan katingali lelengutan nundutan, atuh pok we
pa kades nanya ka si Kabayan.
" Kabayan kunaon silaing nundutan
?"
" Tunduh juragan !"
" Naha make tunduh sagala kawas teu sare
wae peutingna ?"
" Numawi juragan teu sakerejet kerejet
acan, da sawewengi ngantosan bapa !"
" Kunaon kitu bapa maneh ?"
" Numawi bapa abdi teh ngajuru, juragan
!"
" Bapa maneh ngajuru ? mustahil kabayan,
mustahiiiiiiilllll !"
Ngubaran
Jarawat
" Lain euy, pan baheula mah kabogoh
silaing teh sukuna loba cedaan, geuning kamari mah katempona teh limit euy
!"
" Nya teu sidik kitu, pan kudewek
titah make stoking meh cedana teu katingali !"
" Oh..kitu nya, terus ari beungeutna, pan
baheula mah renjul ku jarawat batu, geuning ayeuna mah limit, nya diubaran
naon ?"
" Teu diubaran nanaon, ngan ku dewek teh
dibejaan kieu, cik mun boga stoking dua rampasan mah pakekeun kana beungeut hiji
!"
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- [Urang Sunda] KEOM sakedap syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] KEOM sakedap ---> Kang Syam syam ridwan

