Ari lebah sms-sms-an mah kuring tara pipilueun, ngan merhatikeun mah osok. Kabeneran bae acara eliminasi teh malem minggu, pas kabagean bisa lalajo tipi.
Enya cenah, Neng Wulan teh loba nu nuduh mamake topeng, nyiar simpati ku "acting", pura-pura jalma polos, lugu, jsb. Nepi ka kungsi ku Helmi Yahya dites ditanya make basa Inggris, orokaya Wulan memang teu bisaeun basa Inggris, da teu bisa ngajawab. Ngan lebah dipenta nyarita make basa Inggris, Wulan norolang nataan Pancasila dina basa Inggris. Tina hal ieu Helmi mastikeun yen Wulan teh teu sapolos gayana, di satukangeunana ayaan.
Teu mungkin jalma polos/lugu bisa basa Inggris! Kitu meureun nu rek ditandeskeun ku Helmi teh. Kuring herman, naha watek polos bet disandingkeun jeung kabisa basa Inggris? Jadi saolah-olah enya, Wulan teh salila ieu mamake kedok. Pura-pura polos/lugu, padahal satukangeunana boga trik jeung sajabana.
Ngeunaan kedok ieu, minggu kamari dibantah ku peserta ti Makassar ku jalan nyalametkeun Wulan. Salajengna kumaha? Kateuing ah, uing mah hayang ka cai heula, nyeri beuteung....
Ngeunaan kedok ieu, minggu kamari dibantah ku peserta ti Makassar ku jalan nyalametkeun Wulan. Salajengna kumaha? Kateuing ah, uing mah hayang ka cai heula, nyeri beuteung....
On 4/28/05, Emil Irfan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kita perhatikan setiap kali melihat ANTV jam 20.00
acara PENGHUNI TERAHIR BERANDA", salah satu peserta yg
bernama WULAN sejak masuk Rumah Petir selalu jadi
bulan-bulanan & diDzolimi peserta lainnya.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

