Assalamaulaikum Alhamdulillah Mang, sim kuring sareng Neng Lisna aya dina kayaan sehat wal afiat. Perkawis langka mampir ka Margawangi teh sanes ku teu sono, Mang. Jalaran ayeuna mah upami balanja teh jarang ngiring. Teu sepertos ngawitan. Da ayeuna Lisna teh tos dipercantenkeun ngokolakeun wartel. Sagala urusan ngeunaan wartel iwal ti teknis tos diserahkeun pinuh ka anjeunna. Upami aya urusan kabel pegat, nembe sim kuring turun tangan. Ayeuna mah kuring bagean luar wae.
Mang, sesepuh Panaruban, bapak Sumarna, ngondang ka kuring supaya dongkap ka Panaruban. Saurna teh sin ngaraosan alam Panaruban. Aya niatan Insya Allah engke rek ngajak Lisna, ngan kamari teh kurah koreh aya aya Kamus Basa Sunda, mun teu salah mah jatah jang ka Plered, hilap teu ka sanggakeun. Dugi ka ayeuna teu acan kapasihkeun. Aya niat mun ka Panaruban rek disumbangkeun jang salah sahiji pabukon SD sakalian jeung aya sababaraha buku nu sugan bisa disumbangkeun. Kumaha, Mang? Da geuningan lamun ka Purwakarta atawa ka Plered sok sering hilap teu kacandak wae. -- Baktos, Pun TEDDY MSasmita, Wednesday, May 4, 2005, 7:13:09 AM, you wrote: M> Baruk tas ngilu gempungan nya..!, sukur atuh ari geus M> cumarita dina eta gempungan bari rada nga-atasnama-keun M> Kusnet mah sahenteuna bari promosi yen dialam maya teh aya M> kumpulan Urang Sunda. M> Ceuk kuring mah Kusnet teh geus rada kawentar kagiatanana, M> sasieureun sabeunyeureun mere andil kana Kasundaan, M> lantaran asana geus rada mindeng disabit sabit boh dina M> koran boh dina majalah ( nu pangahirna asup kana majalah M> Sunda Cupumanik ngeunaan protesna Kang Waluya M> ([EMAIL PROTECTED]) ka majalah ME basa aya artikel M> ngeunaan wanita Sunda), atuh kagiatan sejena anu geus aya M> buktina nyaeta nyieun pabukon di sababarah desa di M> sabaraha kota. M> Kumaha calageur kulawarga..?, lain ari ka Bandung teh heug M> nyimpang ka Margawangi asa geus lila teu panggih. M> MSasmita M> (Om Teddy teh alo sim kuring janten nulis ge asa keur ka M> anak we) M> On Wed, 4 May 2005 01:17:24 +0700 M> Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Assalamualaikum, >> >> Punten wae bisi ieu berita teh geus basi. >> >> Tadi beurang kuring ngahadiran deklarasi LSM lingkungan >>hidup nu rek >> ngalawan rencana diwangunna Lapangan Golf di Panaruban >>Sagalaherang >> Subang. >> >> >> Tungtungna ku MC dibere waktu jang baceo. Ahirna >>kuring nepikeun >> saran ngaatasnamakeun "KUSNET". Kuring nyarankeun ka >>forum sangkan >> lamun urang ngayakeun perlawanan ka "lapangan golf" >>urang kudu bisa >> ngusahakeun cara sejen. Nu ku kuring diusulkeun >>sangkan Panaruban >> dijadikeun "SUAKA BUDAYA & ALAM TATAR SUNDA". >>Supaya lamun urang >> mana wae hayag nyaho budaya jeung alam Sunda bisa >>ngajugjug ka >> Panaruban. Kuring oge inget yen Subang teh nyimpen 70% >>budaya Sunda. >> >> Dina tuntung acara teu poho kuring promosi millis ieu >>jeung ngajak >> ka nu biasa ngome internet sangkan daftar. Sugan >>jeung sugan wae >> lain ukur daftar wungkul. >> >> -- >> Baktos, >> Om TEDDY >> M> ======================================================================================== M> Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur. M> Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826) M> ======================================================================================== M> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id M> Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

