Kamari poe minggu isuk-isuk teu isuk isuk teuing ketah, kitu we antara tabuh 9an, kurunyung MJ bari ngagigiwing majalah, sugan teh majalah Itenas, ari pek teh geuning majalah Matabaca sasih Mei 2005. Dina eta majalah teh geuning aya Rumah Baca Buku Sunda dina kaca 36 anu judulna "Mamat Sasmita membuka Rumah Baca untuk masa Pensiun", kuring rada kaget " Na iraha Mang J ngasupkeun ieu artikel teh..?" MJ ngajawab meh bareng jeung keur Cupumanik, ngan nu ieu mah make basa Indonesia. Majalah Matabaca teh majalah basa Indonesia anu diterbitkeun ku KPG/Gramedia nu eusina ngeunaan dunya pustaka. Alhamdulillah dina eta majalah aya foto sim kuring sakulawarga, plang Rumah Baca, atuh aya gambar buku buku Sunda. Situs matabaca nyaeta http://www.matabaca.com mung nu sasih Mei 2005 mah teu acan dilebetkeun, sigana anu aya dina situs mah dua sasih kapengker (nu nembe terbit versi cetak mah teu acan dilebetkeun, sigana supados payu heula ).
Nuhun Mang J,...!! MSasmita ======================================================================================== Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur. Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826) ======================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

