wilujeung wa sas.....
 
mudah2an cita2 uwa teh tiasa kacumponan...
 
abdi kamari parantos di SMS ku mang jamal ngenaan Matabaca..
 
kaleresan abdi parantos telpon gramedia..saurna aya hargina Rp. 12.500,-
 
mangga bilih anu minat, tiasa meser di gramedia
 
"membuka rumah baca untuk masa depan"
 
 
 
 
 
imas
 
 


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari poe minggu isuk-isuk teu isuk isuk teuing ketah,
kitu we antara tabuh 9an, kurunyung MJ bari ngagigiwing
majalah, sugan teh majalah Itenas, ari pek teh geuning
majalah Matabaca sasih Mei 2005.
Dina eta majalah teh geuning aya Rumah Baca Buku Sunda
dina kaca 36 anu judulna "Mamat Sasmita membuka Rumah Baca
untuk masa Pensiun", kuring rada kaget " Na iraha Mang J
ngasupkeun ieu artikel teh..?" MJ ngajawab meh bareng
jeung keur Cupumanik, ngan nu ieu mah make basa Indonesia.
Majalah Matabaca teh majalah basa Indonesia anu
diterbitkeun ku KPG/Gramedia nu eusina ngeunaan dunya
pustaka.
Alhamdulillah dina eta majalah aya foto sim kuring
sakulawarga, plang Rumah Baca, atuh aya gambar buku buku
Sunda.
Situs matabaca nyaeta http://www.matabaca.com mung nu
sasih Mei 2005 mah teu acan dilebetkeun, sigana anu aya
dina situs mah dua sasih kapengker (nu nembe terbit versi
cetak mah teu acan dilebetkeun, sigana supados payu heula
).

Nuhun Mang J,...!!

MSasmita

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826)
========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke