Hehe... kuring ge ari lalajo mah tara ngahajakeun, keur mah teu boga tipi deuih... Ngan eta, ari keur pareng lalajo, nya sakalian bae sok merhatikeun karakter jalma-jalma nu miluan eta kontes. Aya nu ambisius, aya nu kalem, aya nu bebeledugan emosional, aya nu polos, aya nu idealis, aya nu merekedeweng (punlanceuk kamari kacaletot, nalika nyebutkeun budakna nu geus hayang geura2 disunatan & teu bisa dicarek deui, nyebutna teh bet jadi "mereketengteng", padahal nu mereketengteng mah bapana), jeung sajabana, diajar maca karakter rupa2 jalma nu datang ti lingkungan nu beda2. Lumayan, batan lalajo sinetron...
Ngeunaan lomba/olimpiade sains jsb, najan reueus oge yen bangsa urang boga barudak nu parunjul, ari nempo kana realitas masarakat umumna mah geuning bet asa ironi. Yen nu palinter nu parunjul jaluara olimpiade teh, lolobana ukur "pencilan", jauh jeung kanyataan kualitas atikan di nagara urang.... On 5/9/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Kumi kuring kadang sih lalajo Petir, tapi asli 100% teu dihatean, > etamah rek saha nu meunang mangga wae. Mun olimpiade matematika atawa fisika > aya urang sunda, enyaan kuring rek 100% dihatean, moal lebar kana SMS, > .......tapi sigana nu kieu mah teu kaci make SMS nya. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

