Tadi maos di detik anu
kenging kompetisi Gogle the ti unpar, tapi siga the saripit...duka US duka sanes..
Nia
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Jalak Pakuan
Sent: Monday, May 09, 2005 2:40 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] petirEnya oge kuring nongton Petir atawa AFI aya urang sundana, aya bebela hate mah tapi peun we nepi kadinya, beda eak-eakanana mun nongton Jang Taufik nu nepak kok batminton. Tah kuring ge hayang pisan "eak-eakan ngabobotohan" urang sunda mun aya dina kompetisi model olimpiade sains. Tapi nepi ka ayeuna nu dipikaboga ku kuring mah kur era we can mere kontribusi nu nyata dina widang atikan ka urang sunda, masih tebih ti lengkah MJ & Ua Sas.JP
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Hehe... kuring ge ari lalajo mah tara ngahajakeun, keur mah teu boga
tipi deuih... Ngan eta, ari keur pareng lalajo, nya sakalian bae sok
merhatikeun karakter jalma-jalma nu miluan eta kontes. Aya nu
ambisius, aya nu kalem, aya nu bebeledugan emosional, aya nu polos,
aya nu idealis, aya nu merekedeweng (punlanceuk kamari kacaletot,
nalika nyebutkeun budakna nu geus hayang geura2 disunatan & teu bisa
dicarek deui, nyebutna teh bet jadi "mereketengteng", padahal nu
mereketengteng mah bapana), jeung sajabana, diajar maca karakter rupa2
jalma nu datang ti lingkungan nu beda2. Lumayan, batan lalajo
sinetron...
Ngeunaan lomba/olimpiade sains jsb, najan reueus oge yen bangsa urang
boga barudak nu parunjul, ari nempo kana realitas masarakat umumna mah
geuning bet asa ironi. Yen nu palinter nu parunjul jaluara olimpiade
teh, lolobana ukur "pencilan", jauh jeung kanyataan kualitas atikan di
nagara urang....
On 5/9/05, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Kumi kuring kadang sih lalajo Petir, tapi asli 100% teu dihatean,
> etamah rek saha nu meunang mangga wae. Mun olimpiade matematika atawa fisika
> aya urang sunda, enyaan kuring rek 100% dihatean, moal lebar kana SMS,
> .......tapi sigana nu kieu mah teu kaci make SMS nya.
Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel & more fun for the weekend. Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

