Hehe... nu kitu mah sanes mikir wungkul atuh Kang, tapi "ngajeger".
Boga pikiran na jero hate yen "Lamun euweuh pulisi, lampu beureum teu ngaruh!" benten sareng nyebarkeun eta pikiran tur mraktekeun eta pikiran (mikir=niat versus amal = nyebarkeun jeung mraktekeun tea). Niat/mikir mah langsung ditanggelwalerkeun ka Luhur wungkul. Amal mah kudu ditanggelwalerkeun ka Luhur tur ka tatangga (da aya risiko amal urang ngakibatkeun batur sangsara alias laku dolim tea).

Raosna jadi muslim teh kieu: niat goreng can jadi dosa mun teu dilakukeun, tapi niat hade geus meunang hiji pahala, mun dilakukeun dilipetkeun kumaha Pangeran (alias pasti >1)! Janten: ulah bosen laku hade terus :D

hormat ka jeger Toyota
y


Punten, ari kabebasan mikir teh anu siga kumahanya? Rada tulalit yeuh...
Siga kieu sanes misalna, abdi tumpak motor, panggih jeung lampu beureum diparapatan, luak lieuk tapi teu manggih nu amucuy...ceuk pikiran abdi teh ditarabas we lah lampu beureumna...padahal aya pulisi...dipiriwitan ku pulisi...ahh mendingan kabur we...sok siah pulisi, mun wani mah balap jeung uing........Nu kieu sanes kabebas mikir teh? Atanapi model paling top tina hasil kabebasan mikir teh nyaeta....KKN!!! Sok cobi we mun teu mikir mah moal aya KKN geura...hehehe...

-----Original Message-----

From: ayi [mailto:[EMAIL PROTECTED]]

Sapagodos pisan abdi sareng pamendak Akang perkawis pikiran nu teu tiasa dihukum. Mung dina prakna kahirupan sadidinten tangtos aya konsensus di publik nu ngatur kumaha tiap jalmi ngaluarkeun pikiranana. Konsensus panghandapna panginten adat, teras aya etika, katiduna nya hukum positif tea.


--
---------
adesaeatgmaildotcom

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke