Bisa jadi mikir & olah pamikirian can lumrah di urang sunda. Meureun widang mikir teh kawas pilsapat nu kaasup "teuas". Ari kuring resep we maca buku Edwar deBono, enya ge keur kuring mah masih "teuas" tapi geuning alus idena sarupaning mikir lateral. Saleresna di milis ge kantos madungdengkeun masalah pilsapat. Kanu resep nu teuas-teuas nya  teraskeun we padungdengan, batesana mah ulah mikir dzat Allah & ruh.....leres henteu?
 
salam
jalakpakuan 
 

nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang Ayi tong leutik hate kitu atuh, keun bae anu nyawad mah. ceuk kuring mah lamun kang Ayi boga pamangggih anu kontroversi model kumaha wae meunang di caritakeun di milis ieu. euweuh anu ngalarang der... der... weh Kang.
Urang Sunda ulah nyunyuhun uteukna wungkul barijeung tara dipake mikir, kabebasan mikir jeung boga pikiran anu teu biasa geus lumrah disakuliah dunya ngan can lumrah teh di uteuk - uteukna urang Sunda wungkul.
ampun, sararieun teuing euy ... Satuju lah! Satuju Kang Duli! Teu kudu mikir nu kararitu. Hirup jeung nyiar hirup nu bener ge tos lieur sanes?
 
Hanjakalna teh, pikiran manusa mah tos tidituna dipasihan kabebasan. Deuk dipaehan atawa dipenjara jelmana oge pikirana mah angger bisa hirup, da pikiran mah teu sarua jeung uteuk. Pan pikirana Aristoteles atanapi On Concept-na Ibnu Sina masih hirup nepi ayeuna najan jelmana mah tos janten taneuh deui. Jeung deuih pan tiasana urang pabales2 catur siga ayeuna teh hasil tina mikir bebas! 
 
Bebas mikir teh tos janten kanyataan hirup nu di luar kontrol urang, janten kapaksa weh nu teu hoyong ge kaseseret! Ayeuna mah kieu we atuh lah, urang apalkeun we topik2 mana nu kudu dibebaskeun mikirna tur topik mana nu euweuh gunana dibebaskeun tp leuwih hade milih nu geus aya. Lain teu meunang tapi kulantaran pamohalan kahontal ku uteuk!
 
Baktos
y
...


Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke