Eh numutkeun abdi mah teu nanaon Kang, otokritik... Abdi oge sering ngahuleng, upami cobi2 ngetang kasar potensi zakat kedahna mah seueur: GDP Indo mis. 400 Trilyun, misalna wae 40% GDP asalna ti WNI muslim (nu 85% tea). Upami rata2 zakat maal 2.5% kedahna mah tiap taun aya dana kirang langkung 4 Trilyun (2,5% x 400T x 40%)! lumayan ageung nya? Padahal deui, di UU Pajak pami teu lepat zakat teh tos kalebet pangaluaran nu tiasa ngurangan pajak (tax deductible expenditure).
Duka melempemna zakat teh kulantaran memang teu acan seueur lembaga pengelola zakat nu profesional. Sanes profesional dina nyalurkeun wae tapi nu langkung penting profesional sareng efektif dina narik zakat. Atanapi memang urang (muslim nu mampuh) nu tacan mraktekeun zakat maal/profesi/pertanian/perdagangan ieu? Sok naros ka diri pribadi: taun ieu geus mayar zakat maal henteu nya? sok hilap. Padahal mah sakedik, mung 2.5% tina gaji (take home pay) tea baktos Yudi --- In [email protected], Deny Suwarja wrote: > Amiin ya Robbal alamin! > protesna ditampi teh, enya nya abdi mah egois. pan seueur dulur urang oge anu dibarantosan teu kedah kana kagiatan abdi wungkul. Hapunten ah ka sadaya dulur abdi tos ngucapkeun sasauran kirang sae! > > Deny ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

