Tim kasenian Unpad magelarkeun kasenian Sunda di sababaraha kota di Perancis ti ngawitan kaping 4 Mei kapengker. Pagelaran munggaran di gedong Unesco dihadiran ku kirang langkung 1300 anu nongton, utamina para duta besar boh nagara atanapi duta besar di Unesco. Rengse ti Unesco nguriling ka sababaraha kota diantawisna Sanxay (pagelaranna dilaksanakeun di puing-puing arena titinggal 2100 taun kapengker), teras ka La Rochelle janten tamu universitas, ka Salies du Salat, ka Turnefeuille caket kota Toiulous, Aninenne, Bouvers sareng panungtungan di Montpellier.
Materi anu dipagelarkeun diantawisna, Angklung, tembang sunda, tari merak, badaya, blantek (batawi), wayang golek, saman (aceh), piring, sendratari Rama Sinta, Rampak kendang sareng tarian bentang kalang.
Salami di daerah, para mahasiswa nganjrek di bumi keluarga urang Prancis. Panampianana sae pisan. Sok sananos rata-rata ngan dua wengi, ari acara perpisahan teh sok ditandaan ku lagragna cimata. Malihan basa di Anienne mah, unggal tim Unpad maen teh keluarga_keluarga anu dianjrekanna teu weleh abring-abringan janten suporter.
Khusus ngeunaan materi, katinggalina tiasa disebat sukses, meh unggal pagelaran anu narongton ngraos sugema.
Wilujeng sareng hatur nuhun ka tim kesenian Unpad. 


D�couvrez le nouveau Yahoo! Mail : 1 Go d'espace de stockage pour vos mails, photos et vid�os !
Cr�ez votre Yahoo! Mail

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke