Upami nguping wartos mah salah saurang anggota DPD (Dewan Perwakilan Daerah) ti Sumbar oge kirang satuju kana aturan ieu. Aya ucapan Pak Walikota Padang dina MetroTV anu dianggap "racist/facist" ku sabagean anu ngupingna. Ucapan ieu nyebatkeun lamun mayoritas domba bodas, terus aya domba bulao atawa hideung anu minoritas, domba nu beda warnana ieu kudu dibodaskeun. Ucapan Pak Walikota ieu, rada teu pantes diomongkeun di Indonesia anu konstitusina ngahormati perbedaan (pruralisme).
Ari kuring emut ka Malaysia, sanajan agama resmi nagara ieu, Islam, tapi teu aya pamaksaan atawa imbuan ka non Muslim kudu nurutan urang Muslim, sanajan di nagara bagian Kedah nu diparentah ku PAS ( partey Islam di Malaysia nu hayang Sarikat Islam "leuwih puritan" deui tinimbang SI nu dijalankeun ku partey nu kawasa ayeuna, UMNO). Tapi di Indoensia, nu ngaku 5(lima) agama resmi, bisa aya aturan daerah jiga kitu. Ieu mah ceuk kuring, Perda eta ngalanggar konstitusi nagara urang, kuduna ulah aya perda jiga kitu di wilayah republik Indonesia, iwal ........ganti heula konstitusi nagara urangna. Apan nagara urang teh cenah nagara kasatuan, hukumna sarua wae dimana-mana ge. Ganti atuh jadi nagara federasi, nu boga hukum masing-masing jiga di Amrik atawa di Malaysia. Tapi satungtung kaonstitusina UUD 45 , mah nya kedah nurut!. Moal enya aya walikota ngalanggar konstitusi. Presiden RI teh disumpah kudu ngajalankeun konstitusi RI, lamun presiden ngalanggar ieu, teu meunang henteu kudu eureun! Baktos, WALUYA (Rada satuju kana nagara Federasi) > Pan saur abdi ge tadi upami ieu peraturan tos disaluyuan ku > "sadaya pihak". Upami peraturan ieu memang tos janten Perda > berarti pan teu aya masalah, berarti tos disaluyuan ku umumna > pihak. Kecuali masih mangrupi kahoyong walkotna (hanjakal abdi > ge teu ningal dina tv), masih kedah narekah tahap2 anu kanggo > ngamutuskeun peraturan ieu. Upami henteu lepat peraturan anu > diinstruksikeun ku Walkot ieu kanggo non-muslim mah pan mangrupi > himbauan. Himbauan didieu dalam arti menghormati > kaputusan/peraturan anu tos dijieun. Sesama agama salian masihan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

