mun teu salah, panitia nu sok ngayakeun kongres basa sunda teh LBSS, lembaha basa & sastra sunda, kantorna di gedong YPK (yayasan pusat kebudayaan) parapatan braga. kungsi ngulampreng ka dinya basa aya riungan inohong keur nyanghareupan kasus menag ngali batu tulis tea. oge ka gigireunana, rada sering baheula mah, da aya caraka sundanologi, tempat ua Adang S -tentara siliwangi nu jadi pangarang tea- ngantor.
ke ari salse urang ngulampreng deui ka dinya. bari jeung teu yakin araya. da baheula oge kungsi, ngan harita mah rohanganana kosong, aya buku wungkul ngabarak. nu kurang di urang teh eta, ngabejaan atawa silih beja. masih keneh papada baladna sewang-sewangan, utamana nu ngarasa pakar dina widangna. tapi da ari soal basa atawa budaya mah, beh jauhna, nya unggal jelema nu make oge nu noongna (kuduna) kaci milu. lain suudon, ngana ukur a-analisis-an W (weakness) dina SWOT US. bisa jadi ngan sawareh urang LBSS nu apal internet, milis jeung KUSnet/Ki Sunda. Hasil Kongress Basa Sunda di Garut (nu duka ka sabaraha kalina) oge apal teh ti Abah Surya, nu salah salimana eta, soal undak-unduk basa nu diringkes jadi basa merenah jeung basa loma. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] > Kang Oman, kangaranan kongres basa nu umatna kadua panglobana sa > Indonesia, kunaon bejana karek nepi wayah kiwari? hehehe. Ari kongres teh > pikeun saha, boh nu cacarita oge nu ulubiungna? Jeung naon udaganana? Cing > sugan aya bongbolongan. > > Nu kabayang ku kuring, urang Sunda teh sakitu enyutna, naha teu dianggap > penting upama pada eungeuh aya nu disebut Kongres Basa Sunda? Naha teu > leuwih penting upama leuwih loba nu eungeuh lewih hade? hehehe deui. Naha > teu kapikiran ku panitia, upama nyieun situs husus pikeun publikasi > sangkan dipikaweruh ku balarea. Piraku wadia balad Kusnet euwuh nu daek > nguruskeunana, upama aya no ngokolakeunana mah. > > Salam, > MH > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Dying to be thin? Anorexia. Narrated by Julianne Moore . http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

