Kang Rachman punten kuring mairan sakedik.

Bah Willy bener, yen hukum-hukum (baca :
aturan/peraturan) anu dijieun kudu sajalan jeung UUD
45, sabab hukum pangluhurna di nagar urang mah geus
sapuk UUD 45. Lamun aya aturan atawa undang2 nu
dijieun sahandapeunnana eusina patukangtonggong jeung
UUD 45, sakuduna UUD eta di"amandemen" deui supaya
sajalan jeung UUD atawa ka eta daerah dibere
kawenangan khusus pikeun ngajalankeun aturan nu beda
saperti nu dibikeun ka NAD.
Tujuan Kang Nana oge bener, maksudna pikeun nanjeur
keun aturan Tuhan (Alloh SWT). Anu sabenerna mah urang
sadaya dina nyieun aturan teh kuduna sajalan jeung
aturan nu dibikeun ku Alloh SWT. Mung peryogi diemut,
aturan dina Qur'an + hadis teh, henteu sadaya kedah
dijalankeun ku manusia, contona : Sholat, zakat, puasa
+ haji, eta aturan teh mung kedah dilaksanakeun ku nu
tos ariman atanapi tos lebet Islam (maca dua kalimah
sahadat). Sakaterang kuring, dina bag-bagan jilbab oge
mung diwajibkeun ka umat Islam. Ku kituna ka non-Islam
mah teu wajib ngangge jilbab sami sareng henteu wajib
sholat margi maranehannana teu ngangken ayana Alloh;
tegesna upami teu wajib nya teu kedah dipaksa nganggo
jilbab.
Kitu manawi pamendak kuring.
Tos tong kapanjangan teuing bilih langkung seueur
salahna.

Baktos
Jaka

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Sabada kuring nalungtik padungdengan perkara di
> handap,sarta ningali karakter Bah willy sareng Kang
> Nana, "demi kebaikan bersama", kumaha upami perkara
> ieu teh di "stop" wae. Margi aya dua landasan anu
> benten anu jadi dadasar pipikiran Bah Willy sareng
> Kang Nana.
> 
> Bah Willy mah (upami teu lepat, punten dikoreksi),
> mung ningali jenjang ngadamel aturan, sanes eusi
> aturanana, dimana sagala aturan anu panghandapna
> (perda) kedah ngacu "sesuai" sareng aturan anu
> pangluhurna (UUD 45).
> 
> Kang Nana ningali eusi atanapi esensi aturan(perda)
> eta. Janten benten pisan. 
> 
> Tapi asana teh aya teh Iva, anu langkung uninga
> perkawis "hukum-hukuman".Mangga dimoderatori, kumaha
> carana, sangkan "caina herang, laukna beunang".
> 
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> > nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Punten kuring lain arek madungdengkeun wajib
> > henteuna jilbab keur awewe, teu
> > apal kuring mah, jeung ieu mah masalah kayakinan,
> > teu bisa didebatkeun. Ngan
> > kuring mah rada ngamasalahkeun "Perda Jilbab"na.
> Cik
> > ceuk baraya, "Perda
> > jilbab" teh ngalanggar konstitusi atawa henteu?,
> > khususna jeung Pasal 28E
> > ayat 2 UUD45 + amandemen 2002. 
> 
>  
> > Kieu weh ayeuna mah kang Waluya. Anu melanggar teh
> > hukum Pangeran ka hukum NKRI atawa hukum NKRI ka
> > hukum Pangeran? ceuk kang Waluya anu kudu direvisi
> > teh hukum Pangeran atawa hukum NKRI? kang Waluya
> > bakal ngabelaan anu mana?
> > 
> > lamun hukum agama henteu diformalisasikeun edek
> > kumaha umat islam ngalaksanakeun SI da urang islam
> > mah lain bangsa sekuler anu ngajadikeun urusan
> agama
> > ngan urusan di masjid/gareja wungkul. nerapkeun SI
> > lain hartina ngalanggar kabebasan beragama justru
> di
> > terapkeunana SI ngajamin bener - bener
> > dilaksanakeunana hukum - hukum agama, ari masalah
> > hubungan jeung non muslim kapan geus di atur dina
> > agama islam ge yen euweuh paksaan pikeun anu teu
> > iman. 
> 
> 


                
__________________________________ 
Yahoo! Mail 
Stay connected, organized, and protected. Take the tour: 
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke