Kang Oman,
Lain ari ceuk kuring mah, asa kabina-bina teuing kangaranan kongres di jaman kiwari, nepi teu katepi ku dunya IT. Mangsa kiwari dunya IT geus nepi kana babak "pervasive and ubiquitous computing". Mangsa dimana dunya IT geus bisa dipake ku saha wae, dimana wae, iraha wae, jeung make naon wae. Padahal Bandung teh salah sahiji puseur IT pikeun Indonesia mah, eta bau-bau IT nepi teu kaambeu ku para inohong Sunda.
Naha perkara Basa Sunda teh cukup digugulung ku seniman, sastrawan jeung budayawan hungkul kitu? Naha teu perlu urun rembuk jeung para saintis sejenna, jiga tukang matematik, tukang IT, jeung tukang insinyur misalna. Ceuk beja Noam Chomsky anu sok jadi rujukan ahli basa, nepi ka merlukeun diajar matematik pikeun ngadadarkeun teorina. Naha teu perlu KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) di-update, unggal usik lahir ratusan kecap-kecap anyar nu tacan kungsi aya dina KUBS. Naha teu dianggap perlu KUBS dijieun kamus elektronik misalna? Naha teu dianggap perlu migunakeun IT pikeun pangajaran basa Sunda misalna.
Salam,
MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
(Baraya, punten ieu posting dibalikan deui di dieu, jalaran anu ti heula mairan posting MJ anu leuwih pasna mairan posting anu ti Kang MH ieu)....Kang MH,Sakumaha ceuk MJ, enya di urang teh komunikasi anu rada kurang teh. Warisan manusa huma kitu anu arang langka parapanggih? hehehe.Enya memang, hajatan kongres Basa Sunda ka 8 di Subang teh tiis-tiis bae, siga anu arek sila ipis atawa siduru isuk-isuk. Si kuring oge meunang katerangan anu rada kumplit ngeunaan eta kongres teh bane bae kamarina manggihan dulur urang anu mindeng tepung jeung panitia, nyatana Kang Nana Munajat (dosen SMKI) jeung Kang Nanang wartawan Galura.Ti aranjeunna, si kuring meunang proposal eta kongres anu mutakhir. Dina eta proposal, didadarkeun ngeunaan kongres, lengkep ti mimiti jejer ageung (thema), kasangtukang, tujuan, pamilon, judul-judul jejer makalah jeung anu pamakalahna. Ke sugan aya waktu urang tuliskeun sangkan dipkawanoh ku sadaya dulur urang di milist.Anu tetela mah, Kongres Basa Sunda ka 8 rencana dilaksanakeun di Subang. Anapon waktuna, anu tadina kaping 14-15 Juni 2005 digeser jadi kaping 28-30 Juni 2005. Ningali jejer-jejer makalah mah asa heunteu aya anu anyar atawa anu matak narik pamilon golongan ngora dina eta kongres teh. Komo ngeunaan basa Sunda di internet mah teu aya pisan. Atuh pon kitu keneh, dina proposal teh heunteu aya strategi kumaha carana sangkan eta kongres sukses di deugdeug ku saloba-lobana pamilon.Baktos,manAR
On 5/24/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Oman, kangaranan kongres basa nu umatna kadua panglobana sa Indonesia, kunaon bejana karek nepi wayah kiwari? hehehe. Ari kongres teh pikeun saha, boh nu cacarita oge nu ulubiungna? Jeung naon udaganana? Cing sugan aya bongbolongan.Nu kabayang ku kuring, urang Sunda teh sakitu enyutna, naha teu dianggap penting upama pada eungeuh aya nu disebut Kongres Basa Sunda? Naha teu leuwih penting upama leuwih loba nu eungeuh lewih hade? hehehe deui. Naha teu kapikiran ku panitia, upama nyieun situs husus pikeun publikasi sangkan dipikaweruh ku balarea. Piraku wadia balad Kusnet euwuh nu daek nguruskeunana, upama aya no ngokolakeunana mah.Salam,MH=====
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sapuk Kang, tos waktosna pisan ieu teh. Namung nyaeta, kamari ngobrol-ngobrol sareng rerencangan anu caket sareng panitia kongres, jejer teh tos dipatok sareng tos liwat deadline. Duka upami aya lolongkrang kanggo paiwalan ( B.Ind: kekecualian).Perkawis manukna dina soal IT, sim kuring nyakseni, seueur US anu tandang makalangan jadi jugala-jugala dina soal IT. Sajabina Kang Ono (sok sanaos heunteu pituin Sunda, namung ageung di lingkungan jeung bisa basa Sunda), oge aya Kang CA (salah sawios staf ahli Kementrian Infokom, aya oge Kang Riza Wazdi (staf ahli IT Pemda Prov, Jabar), jrrd. Mangga....kumaha carana milarian paiwalan? Rupina anu ieu mah kedah formal ngaliwatan lembaga atawa pakumpulan sarupi Kusnet/Perceka.Baktosna,manAR
On 5/23/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Ari ceuk kuring mah tos wayahna, "ngangkat" masalah
komunitas urang sunda di internet dina kongres basa
sunda. Naha sundanet kom, Kusnet, sareng sajabana, oge
teu hilap komunitas internet kadaerahan sanesna. Tong
hilap, ngulem pakar ITna kang Ono Purbo. Ceuk cenah
anjeuna teh salah sahiji anu ngaluluguan (sane loe,
loe, gua,gua), ngamasyarakatkeun IT ka lingkungan
RT/RW.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mj < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> tah gening kang Darpan turun gunung. nuhun ari
> damang mah.
>
> perkawis basa Sunda dina internet, abah Surya (gan
> Hidayat Suryalaga)
> minggu kamari kantos ngobrolkeun eta. nya upami basa
> Sunda dina internet
> tiasa lebet kana eta kongress, si Ua atanapi si
> kuring, duanana oge,
> tiasa.
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour:
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
Do You Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

