hehehe...muhun neneng...
aduh punten ieu teh nuju milarian konci, poek milarian di warung mah,
didieu mah rada caang geningan...
iva wanti wrote:
Waalaikum salam,
ieu teh kang yudhi tea? anu ti warung? pendak deui geuning
didieu.
Mangga kang kalebet tong isin2....
Neng Iva
Assalamualaikum,
akang, ceuceu, aa, teteh, eneng, rai, abah, ambu...
nyuhunkeun widi kanggo ngiring ngariung di KUSnet sareng sakantenan
nepangkeun sim kuring teh nami mah yudhi, kawit ti bandung. namung
ayeuna teh nuju ngumbara turun gunung ngantunkeun lembur ngalih ka nu
disebat metropolitan tea...tapi manawi teh metropolitan teh kota, tapi
gening langkung kakantun ti bandung da buktosna ge masih keneh aya bemo
didieu mah...hehehehehe...janten emut 'masa kecil' ningal bemo teh....
ti lahir kapungkur tahun 77, teras lebet TK sareng SD Yakeswa di jalan
Dr. M. Hatta Bandung, neraskeun lebet ka SMP 1 di Ksatriaan Bandung,
teras ka SMA 7 Bandung, lajeng lebet ka Akuntansi Poltek Ciwaruga,
terakhir di STIE Inaba namung teu acan rengse da kabujeng ngalih ka
betawi...
sakitu panginten kurikulum pite sim kuring, sapertos anu disebatkeun
diaturan ieu milis, supados para wargi sakedikna terang saha sim
kuring,
sareng deuih mamanawian aya wargi, sobat, rerencangan, sareng sajabana
anu sami-sami ngiringan ieu milis
hatur nuhun sareng nyuhunkeun hapunten sateuacana...
Wassalam,
yudhi
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|