Aya tilu jenis manuk nu pikeun urang lembur mah sok ngadatangkeun suasana keueung, matak muringkak bulu punduk. Di lembur kuring eta manuk teh disebutna Suit Uncuing, Koreak jeung Kueuk (Bueuk). Asana Tuweuw teh sasaruanana tina Kueuk. Enya eta tilu manuk teh sok disada dina mangsa tiiseun, jiga mangsa sareupna bari hujan ngaririncik. Upama hiji mangsa eta manuk di sada, kolot di lembur mah sok terus istigfar, ngarapalkeun do'a panyinglar balai.
 
Jigana babasan "gorek-gorek tuweuw" keur ngagambarkeun kaayaan nu matak pikakeueungeun. Cenah mah aya bedana antara "keueung" jeung "sieun" teh. Ari keueung mah pikeun ngagambarkeun kaayaan sieun tapi teu teu puguh nu dipikasieunna. Ari sieun mah jiga dina "sieun jurig", ayaa nu dipikasieunna. Wallahu'alam.
 
salam,
mh
 
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari Tuweuw teh eta sajenis manuk. Eta manuk disadana estuning dina waktu anu keur meujeuhna tiisieun, malah sok dihubungkeun jeung ayana kajadian kapapatenan. Harti "gorek-gorek" anu asalna si kuring oge heunteu apal, tapi sigana, upama eta kecap dikantetkeun jeung kecap "Tuweuw", nuduhkeun aworna sora manuk Tuweuw anu keur ngelak, jembarna nuduhkeun kaayaan anu tiisieun atawa rehe combrek.
 
Sigana kitu oge.
 
baktos,
manAR


 
On 6/1/05, Yayat, Supriyatna (Jakarta) <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari hartosna gorek-gorek sareng tuweuw teh naonnya? Kuring hoyong
terang, soalna nembe ngadangu

YYT

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of kumincir
Sent: Wednesday, June 01, 2005 9:34 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa---Insya Allah

Tah-tah... paribasana geus kalaluar. Sok lah, geura ketrukkeun Kang
Durahman...

jk

On 6/1/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Aranjeuna mun geus ngucapkeun Insya Allah berarti geus komitmen.
> Istilahna...jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan,
> leueur-leueur kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung; teu aya
> sanes mun ukur nepatan janji nu diucapkeun bari nyebut Insya Allah.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke