Dimana-mana ge patlot mah langkung unggul tibatan
komputer,
sok nya urang tataan hiji-hiji, aya 13 kaunggulan
patlot dibandingkeun komputer :
1. patlot mah tiasa diselipkeun dina cepil.
Komputer oge tiasa...tapi cepilna saha nya?
2. Patlot upami teu seukeut tiasa diraut. Upami
komputer teu seukeut, dikumahakeun tah?
3. patlot pangaosna mirah pisan, ari komputer? he
he he he
4. patlot tiasa nyerat diluhureun cai. Komputer?
hi hi hi hi
5. Listrik pareum, patlot tiasa keneh diangge
nyerat. Upami komputer, listrik pareum teh tiasa dicandak ku
maling
6. patlot tiasa diangge babaledogan. Komputer oge
tiasa sih, tapi saha anu kersa ngaraosan dialungan komputer?
7. Patlot tiasa diangge ngorek pngambung.
Komputer sigana mah tiasa oge, tapi pangambungna saha tah?
8. Patlot teu tiasa kena ku virus WORM,
Michelangelo. Komputer? eta mah gudangna virus!
9. Patlot murag, moal tarik disadana, moal
ngaganggu nu nuju ebog. Muragkeun komputer, teras dulur2 US ebog...tiasa
teu?
10. Patlot tiasa disimpen dihandapeun bantal.
Komputer oge tiasa, tapi bantalna teu tiasa diangge ebog.
11. patlot teu didamelkeun program ge masih keneh
tiasa ngangge nulis sarenng ngagambar. Komputer? wah.....
12. Patlot baseuh tiasa digaringkeun. Komputer
baseuh? nyetrum atuh lur...
13. Eta teh saur jalmi anu nembe tiasa meser
patlot...heu heu heu
cag ah
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links