Nyaeta teu kapendak.....!!
antos atuh pairan ti neng Mpup atanapi ua Sas....
 
pihatur
ssw

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ari "Parabot"na mana Wa? teu katingal heu heu heu.....

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walah beurat ....ieu mah bagean neng Mpup atanapi Ua Sas......, namung ke urang cobi-cobi..
ulah pundungnya upami teu tiasa sadayana.....
Sina nyiruruk di saung = Sina reureuh di saung, dina eta kalimat eta maksadna ;  Sina cicing/nganjrek di saung
Dina Palupuh sabebek = Dina palupuh salambar (palupuh : dasar bumi tina awi anu dibeulah,  teras dicacag manjang)
Dina Hateup sajalon  = Dina hateup salambar {hateup = kenteng ( atap bhs. Indonesia) anu 
                                  didamel tina tangkal eurih/alang-alang, bhs. Indonesia)
                                  eta hateup salambarna disebat "sajalon".
Dina Cai teu inumeun = di tempat nu hese cai kanggo nginum (manawi kitu oge)
Dina jalan teu sorangeun = Teu aya jalan kanggo liliwatan
Dina areuy teu tilaseun = Pinuh ku areuy (maksadna jalanna katutup ku areuy)
                                     areuy = tutuwuhan anu ngarambat.
                                     tilaseun--> tina tilas (daerah sanes "tigas") disabet ku bedog
Sakitu kasaramunan = nu ieu mah lebeng bin lapur.... 
 
Janten upami disalin kana kalimat biasa mah kirang-langkung : Sina cicing disaung, ditilam ku palupuh salambar, ditiungan ku hateup salambar, walurat ku cai inumeun, taya jalan liliwatan
rumpil/pinuh ku tutuwuhan areuy........
Sakitu anu tiasa kapidangkeun...... mangga anu sanes pang ngalereskeun anu lepatna, sareng pang nambihankeun anu kirangna.
ssw  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke