----- Original Message -----
Sent: Monday, June 06, 2005 12:43
PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Bewaraaaaaaaaa
: Laporan Kopdar
Turun we tina mobil kang tirta teh di kebon
jeruk.
naek
wee buru2 ka beus, nu aya wee..patas 77. da kosong ieuh...diuk di korsi tilu
anu ngan aya panumpang hiji, manehna mah mojok. rada kosong deui beus
teh.
Abdi
teh teu on, da emut wae ka danau salam anu caina kabayang tiis..mun
ngojay teh..resep meureun....song aya nu dagang topi haji , di tilep2 di
plastikan, jadi paling sadampal leungeun eta topi haji teh lebarna.Bari nu
dagangna ngocomang di hareup..iklan tiditu na mah...
Ah
heug deui ngalamun,...da duit jeung ongkos mah geus di tangan kenca, tangan
kanan nyepengan topi bari di ilikan.
reup
wee peureum, sare teu...keur anteng, neng..neng..cenah...song wee...kuring teh
ngasongkeun ...na atuh teu lilah teh..barakatak teh eta jalema anu gigireun
abdi ngabarakatak..mani akey2an...bray wee beunta. Ari ret teh..kenek beus
keur nyepengan topi haji bari cungar cengir ka kuring..masya Alloh...panumpang
sejen ting harihi haraha...
asa
rek ngambek...da embung ari diseungseurikeun mah, padahal sabenerna mah kuring
ge nahan seuri.... ari di ilikan teh , jalema gigireun kuring...loba tatoan,
di tanganna, di punduk, di kaki..ih sieun..
Nia
Komunitas Urang
Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links