wah...wah...hebat euy dulur-dulur urang 'tukang komputer'. Diskusina geus asup ka action plan. Hanjakal kuring teu ngarti ka nu karitu (mathml? Xml? ml? ttf?). Sok lah lajengkeun. Kuring ngadukung pisan. Engke bisi aya lowongan kanggo kuring--nu kuring--bisa karek kuring bisa mantuan.
Sok atuh akang-akang bagi-bagi tugas. Misalna; 1. Kasapukan Aksara sunda, boh aksara dasar, curek, oge aturan-aturan nyeratna, tanggung jawab.........., rengse 2. Kasapukan kode ASCII/Unicode aksara sunda, tanggung jawab....., rengse............ 3. Kasapukan keyboard aksara sunda, tanggung jawab, rengse........ Tuesday, June 7, 2005, 12:59:35 AM, salira, diantn, nyerat kieu: ============================== > Asa kirang ngartos TTF kirang fleksibel palih mana, nya Kang? Margi > TTF (atanapi OTF) oge kaasup open system tur platform independent. > Saparantos aya hasil dina TTF, urang tiasa nganggo dina sistem operasi > mana wae boh linux, windows, atanapi mac. Hanjakal pakarang nu sae > kanggo ngadamel TTF memang seueur anu teu gratis (contona > Fontographer, FontLab jste). FontForge sae (http://fontforge.sf.net), > nanging utamina jalan dina sistem operasi Linux. > Saupami bade nganggo ML, sakaemut abdi tetep kedah aya heula kumpulan > aksara/simbol anu salah sahijina nyaeta disimpen dina file TTF. > Janten, bakalan teu tiasa nganggo MathML saupami teu aya file kumpulan > aksara ieu. Cobi tingali proyek font TTF kanggo MathML dina browser > mozilla di http://www.mozilla.org/projects/mathml/fonts/ . Katingal > yen MathML oge peryogi kumpulan aksara (atanapi simbol) dina format > TTF ieu. > Kukituna ngadamel kumpulan aksara sunda dina format TTF atanapi OTF, > ieu saestuna anu pangheulana kedah dikerjakeun kanggo proyek-proyek > publikasi dina Aksara Sunda. > Anu diperyogikeun ayeuna: > 1. Kasapukan Aksara sunda, boh aksara dasar, curek, oge aturan-aturan > nyeratna. > 2. Kasapukan kode ASCII/Unicode aksara sunda > 3. Kasapukan keyboard aksara sunda. ============================== --<< diteukteuk, saluyu jeung aturan Milist >>---- -- Best regards, durachman mailto:[EMAIL PROTECTED] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

