hahaha...padahal mah sebut we atu PT-na. piraku Unpad mah. atawa unpad?

sanes korupsi nu kieu mah. ari korupsi mah, maling duit nu publik (nu
nagara, nu rahayat). ari eta mah sakadang dosenna pan jualan bari maksa.

si kuring oge ceuk legegna mah dosen, tapi teu wani maksa ka msiswa kudu
meuli buku si kuring (jabana oge ngan novel tea, haha). paling promosi yen
dijerona aya desain.

deudeuh pa dosen...ngerakeun korp pisan...

nya talungtik heula sistem di eta fakultas. naha nu kitu kaci atawa
henteu. apalkeun 'peta' atawa aturan maenna. mun memang teu meunang, nya
laporkeun, mun meunang....duka tah.

tapi mun karasana teu hade, badami jeung babaturan. mun satuju yen eta
kitu teh, teu elegan atawa teu luyu jeung citra dosen, teu terak cara
terang-terangan, make cara gerilya, kirim surat kaleng atawa surat beusi
sakalian ka dekan cc ka rektor. mun teu terak keneh, kirim ka SURAT
PEMBACA Pikiran Rakyat.

mj
dosen ceuleupeunk
-----

Baraya,

aya hiji dosen salah sahiji mata kuliah nu
terang-terang menta duit ka barudak di kelas. Dipatok
persiswana antara 30 - 50 rebu. Kaleresan harita mah
sim kuring teu kuliah da pun biang (mertua),
ngantunkeun di Garut. Ngan kenging wartos ti barudak
sakelas.  Salian ti eta, basa mimiti kuliah, ieu dosen kungsi
ngajual buku 'dedet', hijina 80 rebuan. Bari padahal,
ceuk taksiran mah eta buku paling mahal ge ngan 30
rebuan.

Kumaha numutkeun pamendak baraya? Naha nu kieu kalebet
korupsi heunteu? Jeung kedah kumaha sikep kuring, naha
laporkeun bae ka pihak Fakultas atawa cicing wae?



mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke