Sigana parbuatan "pamerasan" ka mahasiswa salah sahiji paktor 
disebabkeun gajih dosen teh henteu memadai. Tah dina keur nambahan 
panghasilan sok aya dosen anu sabab teu kuat/teu sabar kadorong 
ngalakukeun hal2 anu ngarugikeun mahasiswana.Perbuatan anu kieu 
jigana henteu kalebet korupsi,tapi panginten disebat pelanggaran 
kana kode etik dosen atapai henteu profesional. Upami salaku 
mahasiswa hoyong teu ngaluyuan tindakan dosen sapertos kitu, sanesna 
di perguruan tinggi teh aya samodel Badan Eksekutif Mahasiswa. Upami 
di SMA mah OSIS. Namina teh Organisasi Mahasiswa Intra Universitas. 
Badan eksekutif ieu ngajukeun atawa membicarakan soal eta jeung 
rektor2.
Bisa wae aya kasus "pemerasan" misalna dina soal penilaian ujian. 
Hak pelulusan mahasiswa ayana di tangan dosen. Tapi dosen bisa 
henteu masihan hasil lulus ka salah sahiji atanapi ka sabagian 
mahasiswa ahirna mahasiswa eta kudu ujian deui. Tah pan si dosen 
bisa meunang panghasilan deui. 
Prinsipna mah gajih dosen teh henteu sabaraha/henteu memadai. Pernah 
aya protes ti para dosen upami teu lepat di UGM kitu. Para dosen 
pararotres dina ayana kanaikan gajih pejabat2 universitas sedengkeun 
dosenna henteu. Atanapi seueur dosen anu ngarasa cenah ari staf2 
administrasina gajihna kunaon bet leuwih sajahtera mana dosen. Enya, 
kumaha lamun gajih dosen ditaekeun, tetep we anu kabebankeun mah 
mahasiswa keneh. Meureun biaya pendidikan jadi tambah badag. Komo 
ayeuna upami henteu lepat aya Undang Undang tentang Hukum Pendidikan 
kitu namina teh, otonomi perguruan tinggi. Ku ayana UU ieu di sisi 
lain bisa ngakibatkeun hal anu positif tapi di sisi lain oge bisa 
ngakibatkeun hal anu negatif.Seueur pihak anu ngarasa cenah 
dikaluarkeunana UU ieu pamerentah bisa hese mere dina soal dana. 
Ah cekapkeun bae dugika dieu. Upami diteraskeun sok janten manjang.


Salam,
Neng Iva 

--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> hahaha...padahal mah sebut we atu PT-na. piraku Unpad mah. atawa 
unpad?
> 
> sanes korupsi nu kieu mah. ari korupsi mah, maling duit nu publik 
(nu
> nagara, nu rahayat). ari eta mah sakadang dosenna pan jualan bari 
maksa.
> 
> si kuring oge ceuk legegna mah dosen, tapi teu wani maksa ka 
msiswa kudu
> meuli buku si kuring (jabana oge ngan novel tea, haha). paling 
promosi yen
> dijerona aya desain.
> 
> deudeuh pa dosen...ngerakeun korp pisan...
> 
> nya talungtik heula sistem di eta fakultas. naha nu kitu kaci atawa
> henteu. apalkeun 'peta' atawa aturan maenna. mun memang teu 
meunang, nya
> laporkeun, mun meunang....duka tah.
> 
> tapi mun karasana teu hade, badami jeung babaturan. mun satuju yen 
eta
> kitu teh, teu elegan atawa teu luyu jeung citra dosen, teu terak 
cara
> terang-terangan, make cara gerilya, kirim surat kaleng atawa surat 
beusi
> sakalian ka dekan cc ka rektor. mun teu terak keneh, kirim ka SURAT
> PEMBACA Pikiran Rakyat.
> 
> mj
> dosen ceuleupeunk
> -----
> 
> Baraya,
> 
> aya hiji dosen salah sahiji mata kuliah nu
> terang-terang menta duit ka barudak di kelas. Dipatok
> persiswana antara 30 - 50 rebu. Kaleresan harita mah
> sim kuring teu kuliah da pun biang (mertua),
> ngantunkeun di Garut. Ngan kenging wartos ti barudak
> sakelas.  Salian ti eta, basa mimiti kuliah, ieu dosen kungsi
> ngajual buku 'dedet', hijina 80 rebuan. Bari padahal,
> ceuk taksiran mah eta buku paling mahal ge ngan 30
> rebuan.
> 
> Kumaha numutkeun pamendak baraya? Naha nu kieu kalebet
> korupsi heunteu? Jeung kedah kumaha sikep kuring, naha
> laporkeun bae ka pihak Fakultas atawa cicing wae?
> 
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke