Abdi tos nyobian doubletype, nanging rupina mah kirang sae kanggo kaperyogian urang ieu.
Langkung sae FontForge, mung nginstallna sesah-sesah gampil.
Kanggo FontForge dina Windows anu diperyogikeun nyaeta:
1. cygwin, file setupna didownload ti: http://www.cygwin.com/
2. jalankeun, teras pilih komponen-komponen: base, X-start-menu-icons, X-startup-scripts, xorg-x11-base, xterm
3. fontforge, tiasa didownload di: http://prdownloads.sourceforge.net/fontforge/fontforge_cygwin-20050502.tar.bz2?download
Pituduh lengkepna aya dina: http://fontforge.sourceforge.net/faq.html#windows
-Dian-
On 08/06/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehe... teu purun ah, keur paciweuh. Puguh deuih scannerna di rohangan
admin, makena ge antri. Jeung deuih, kaca2 pamukana mah mangrupa
dadaran saulas sajarah tulisan nu kungsi dipake ku urang Sunda. Kaca2
panutupna mah mangrupa conto2 soal (heuheu, kawas buku pangajaran
bae). Ku nyepeng nu eta ge, geus eces pikeun diajar nulisna mah.
Dina masalah teknis, basa harita kuring kungsi nananyakeun perkara
aksara Sunda ieu di milis, harita teh pan kungsi oge kutrat kotret
make adobe ilustrator, sigana aya tungtunan teknis nu salah (ngeunaan
aksara nu ukuranana 4:6, asana aya nu teu kaasupkeun).
Ke, sigana mun make doubletype, aksara nu dihasilkeun bakal alus, ngan
kudu dipigawe di imah ieu mah, moal bisa di kantor. Cing, saha nu rek
ngahibahkeun komputer ka uing? Abah Joe, saurna laptopna tos teu
dianggo? heuheu....
kdr
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

