Neng Etsa,
di ieu lembur anu kasohor Babakan Kusnet ( Komunitas Urang Sunda di InterNet. ).. mah khususon kangge anu daria, anu aya mangfaatna jang Urang Sunda oge kasundaan, kangge bagi bagi elmu pangaweruh, bagi bagi kanyaho...ngarah sadayana Urang Sunda teh anu asalna teu terang janten terang.. anu asalna teu ngarti janten ngarti..
nya kadang kala mah sok diselipan ku heureuy.. asal tong kamalinaan ( sanes MJ ), didieu mah aya watesannana...
rumaos sim kuring oge bisana ngan ukur heureuy da teu bisa ari kanu seurieus mah..
tah upami bade heureuy silih gonjakan tur silih eledan, sareng teu aya anu gampang kasigeungan mah tos aya tempatna nyaeta di Warung Leboy katelahna... mangga wae amengan kadinya ku cara ngintunkeun serelek ( email ) kosong ka [EMAIL PROTECTED]
pasti lah ari ka wanoja mah seueur anu ngabageakeun.....tambih rame engkin di warung..
 
sareng mairan sakedik perkawis seratan kang Dudi.. anjeuna oge heureuy eta teh sanes seurieus...  tah saleresnamah anu pundungan teh Neng Etsa ateuh da diheureuyan perkawis Kiyutna langsung bade sing out sajah..
sok lah diantosan ku Akang di Warungnya? apa bade dijemput wae?
 
Aeh heueuh heluv can kenalannya?? deuh punten neng nepangkeun wasta akang Teh Cecep Wahyu eta pamasihan ti sepuh.. landihan di Bandung di Kulawarga teh Ule... tah ayeuna oge sok kadang disebut kang Ule.. teu langkung Neng Etsa bade nyebat Yayang oge ku abdimah ditampi wae..heuheuheuheuheu..
cag ah,
Punten ka para Kuncen, sanes niat abdi bade taeun.. mung ieu kabita palay ngagiwing neng Etsa ka Warung..
 
Baktoz,
Ule
 
-----Original Message-----
From: Etsa Febiani [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, June 14, 2005 4:56 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] pak dudi herlianto

didieu seueur jalmi pundungan teu.. upami diajak heureuy cambetut... upami abdi heureuy nyebat kiyut teras ngalelewe... upami aya anu kitu, teu rame atuh milis teh... sign out sajah, milari anu langkung funky... soalna abdi resep pisan heureuy
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke