Di handap ieu, aya berendelan pangwanoh & aturan milis US. Ka anu teu acan uninga, mangga dilenyepan deui. Da asana mah, sadaya anggota nu anyar asup teh kabagean, haratis dibagikeunana ge...

Komunitas Urang Sunda di Internet.
Porum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan porum ieu sadaya anggotana tiasa ngedalkeun sagala uneg-uneg, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun porum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda!

Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]
  1. Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha.
  2. E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma.
  3. Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris.
  4. Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
  5. Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang.
  6. Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.
  7. Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam].
  8. Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet.

Pancen kuncen, utamana ukur ngaping masalah tehnis & netiket pikeun kalancaran milis.

kdr

On 6/15/05, Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aeh.. teu nanaon kang, anu langkung hak nganilei lepat henteu namah para
kuncen..


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke