Ari pikeun kuring mah, sok maksakeun ngaluuhan acara 
rancage teh, hayang ningali "tapak" para tokoh, sugan
wae atuh aya sasieureun sabeunyeureun anu bisa jadi
picontoeun atawa pieunteungeun. Sabab mun hayang
informasi saha anu meunangkeun hadiah rancage, kari
nungguan wae ti koran atawa "harewos" ti batur.

anu katingali ku kuring mah, aya sumanget (anu hese
digambarkeun) ti para tamu anu haladir dina eta
riungan. Padahal mah para tamu anu haladir teh umurna
kawilang geus nincak sareupna ( sapertos Aki Achdiat K
Mihardja). Ngariksa budaya teh hiji pagawean anu
bangga (=hese), teu bisa instan (=seketika) siga dahar
cabe/cengek langsung karasa heuhahna. Upama urang
nitenan karya mang Ayip (novel di tengah keluarga,
kaluaran taun...?) atawa Atheis jeung Manifesto
Khalifatullah (karya Aki Achdiat), katingali
karya-karyana teh pinuh ku "proses pembentukan
kepribadian", kumaha budaya mangaruhan kana
perkembangan pribadi tokoh-tokohna. anu jelas mah eta
dua tokoh, sok sanajan "nyeuseup' hawa jeung budaya
"barat", tapi tetep we teu ngalunturan kacintaan ka
budaya Sunda. Sikep siga kitu sigana anu hese bisa
dipikanconto ku urang salaku generasi ayeuna. Sabab
tantangan jeung kaayaan jaman kiwari beda jeung
jamanna Ayip Rosidi atawa Aki Achdiat. Tapi lain
hartina teu bisa sama sekali, miconto naon-anon anu
geus ditaratas ku dua tokoh eta. tah didieu perluna
strategi kebudayaan, anu sawatra kaliwat tos
didadarkeun ku Kang Oman.


Perkara kawijakan pamarentah anu prahmatis dina
ningali perkara kabudayaan, hiji hal anu kudu
diteangan cara mangaruhan para gegeden di
pamarentahan. ari ceuk kuring mah, kudu disanghareupan
ku argumen-argumen ilmiah ti lingkungan paguron luhur,
pentingna mulasara budaya, siga anu dikedalkeun ku
Prof.Dr. Kusnaka Adimihardja (Mahaguru Antropologi
Unpad) dina acara seminar  "Sunda, Siliwangi,
Pajajaran" di Balaikota Bogor saptu anu kaliwat, yen
tehnologi, elmu pangaweruh Barat jeung filsafat
kapitalistik anu ayeuna dianut pamarentahan teh
ngadeukeutkeun dunya kana kaancuran. Aki achdiat
ngajentrekeun dina buku "Manifesto Kalifatullah".

baktos,

mrachmatrawyani


--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nambihan:
> 1. Nu ngaluuhan teh seueur nu tos sararepuh tapi nu
> boga ngaran ku prestasina sapertos Kang Ajip (bade
> 70 thn), Ramadhan KH, Aki Achdiat jste. Angkatan
> sahandapna saha?....sigana aya gap nya jeung
> nonoman/generasi urang sunda sahandapna;
> 2. Peurih hate Kang Ajip, hayangna mah aya rancage
> teh karya-karya nu meunang jadi rebutan urang sunda,
> supaya dibaraca, penerbitan hirup, nu narulis nambah
> terus muter nu ahirna kabudayaan hirup & tumbuh,
> atawa paling henteu atuh pemda nyitak buku keur
> ngeusi pabukon2.....Tapi duanana ge teu kajadian.
> 3. Saur Kang Ajip aspek Budaya teh nepi ka ayeuna
> can pernah jadi perhatosan pamarentah. Budaya teh
> ngan ditempo ti sisi komersial nu matak dihijikeun
> jeung pariwisata. 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke