Kang Kumi, talang baga teh naon?

Di dieu mah balatak istri nu anggoanna kitu teh. Duka atuh, pajarkeun
Jepang nagara maju, tapi ari palebah anggoan istri meni asa heureut
bahan:D
Rajeun ka luhurna rada buni, ka handapna teu kapalang nyingsat, rok nu
nengah (punten) pingping teh tos lumrah di dieu mah. Seragam SMP & SMA
ge, jarang nu satuur panjangna. Kitu we, satengah tihang eeh, satengah
pingping. Kaos kaki we nu panjang teh, ampir satuur, siga nu sepak bola.

Aya oge nu nganggo lancingan panjang gogodombrongan, kaluhurna nganggo
you can see (bener2 you can see deh...)

Nya nu pangteukapalangna mah, kaluhurna sareng kahandapna pada-pada
heureut bahan. Sagala katembong, diebreh-ebreh sakarepna.

Tapi aya oge nu sok double2, nganggo lancingan panjang, teras di
luarna nganggo deui rok mini:D 
Tah nu ieu mah rada tiasa diturutan meureun, da buni:D

Salam,
Gilang









--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Aya paribasa nu unina kitu: "moretekeun liang tai", nu ngandung harti 
> nguar-nguar nirca/aib/kagorengan dulur sorangan, nu antukna tangtu
wirangna 
> bakal keuna oge ka nu nyaritakeun/nguar-nguarna. Mun ceuk urang
malayu tea 
> mah, "menepuk air di dulang, dua tiga pulau terlampaui", eh,
"menepuk air di 
> dulang, terpercik muka sendiri".
> Duka ti iraha paribasa ieu dipikawanoh ku masarakat, nu puguh mah,
jaman 
> kiwari, moretekeun liang tai teh sigana geus teu dianggap aheng
deui, geus 
> teu dianggap hiji kagorengan. Liang tai alias kerod salawe teh geus teu 
> perlu ditutup-tutup deui, alias teu nanaon mun ditembong-tembong! Dasar 
> jaman geus edan (jamanna atawa jelemana ieu teh?)!
> Enya, nalika kuring & pamajikan keur ulin di Garut & Bandung sababaraha 
> waktu ka tukang, teu ngahaja, pamajikan bet manggih awewe nu
pakeanana kitu, 
> calana ukur nyangsang handapeung talang baga, atuh puguh bae ana
diuk (na 
> angkot) teh si calana kabetot ka handap, nepi ka meh bae tembong... Beu 
> etah, na mani kitu2 teuing nya?
> 
> kdr
> ari di wewengkon sejen kitu teu?




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke