|
Upami ditingal dina potensi mah aya pibahanneun
janten propinsi pangmajengna di Indonesia, benten sareng Banten nu misah ti
Jabar lantaran etnik, jrrd. Kuring sanajan urang Bogor teu nyatujuan hal ieu,
kumargi ditilik tina pangalaman propinsi Banten, kaleresan Sim Kuring linggih di
Serang, Banten, lain tambah maju, korupsi we ti mana-mana, malihan mah Gubernur
Banten tos janten tersangkana, teu acan ribut rebutan jatah APBD, nepi ka
Tangerang rek misahkeun ti Banten lantaran dibere APBD pangsaeutikna, tah balik
deui ka Propinsi Bogor, ceuk kuring mah hal ieu urang lenyepaneun heula, kunaon
margina ?, apa Pemprov Jabar teu bener ngajalankeun roda pamarentahanna, da
ayeuna mah tong boroning Jabar, dalah Bandung oge nu janten ibukotana, kota-na
amburadul, puguh macet dimana-mana ?, pangwangunan dimana-mana tapi pangangguran
oge loba, kadua nilik tina etnis sunda loba nu mawa karep sorangan, puguh lamun
kakara di Jakarta sabulan oge, geus ngomong batawi bae, pangalaman kamari
keur pemilihan persiden, aya calon ti urang sunda, eta komentarna ti urang sunda
nyalira rupa-rupa ti nyebutkeun sukuisme, neluh sorangan, nepi ka mamawa dalil
qur'an jeung hadits nu sakabehna teu satuju urang sunda jadi persiden, ninggang
SBY kapilih, lajeng dina kabinet urang sunda teu kapilih kakara wae ribut,
padahal mah urang sunda teh potensi pemilihna panggedena di Indonesia, kuring
oge salerena mah teu satuju make ngaran propinsi jawa barat, lantaran sacara
geografi oge nyalahan, kuduna mah banten nu disebut jawa barat teh, komo deui di
jawa barat mah pendudukna urang sunda, sanes jawa, rek ngagentos nami propinsi
jadi "tatar sunda" pan urang cirebon parotes, da maranehna mah teu ngarasa jadi
urang sunda, padahal jawa oge mboten, nu pang dipikasieun propinsi bogor raya
ieu nyaeta bilih identitas sunda-na ical, kumargi ayeuna di bogor nyalira urang
sunda tos seueur nu ninggalkeun budayana...........
|
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Gunawan Yusuf
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya kumincir
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Yayan Mulyana
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Gunawan Yusuf
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Yayan Mulyana
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Arendi Distribusindo
- RE: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Lukman Hakim
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Gunawan Yusuf
- Re: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya kang_boim
- RE: [Urang Sunda] Propinsi Bogor Raya Lukman Hakim

