judul buku=CHERBON penerbit=SH (?). Buku heubeul, kang. Asateh terbit taun 80-an.
Tah geuning aya "benang merahna", kang. Condong soteh pedah di ancam. Rek ngalawan teu wasa da sadar kana kekuatan diri. Cirebon teu boga kekuatan militer anu rongkah singa mataram. Poe Kemis, 23 Juni 2005, Tabuh 11:17 AM, Jalak Pakuan/[EMAIL PROTECTED], Salira Ngetik kieu: > Ke hilap buku nu mana nya (Sultan Agung - Politik Ekspansif > Mataram kitu?), dina eta buku disebatkeun mun Cirebon teu condong ka > Mataram aya 100 urang Cirebon nu bade langsung dibantai. Tadina > Cirebon rek nyepeng tengah, netral teu milu konflik segitilu: > Banten, Mataram, Belanda. > Di awal2 pamarentahan Sultan Agung masih ngareken turunan > Walisanga, tapi dina jalan waktu nya tetep we hayang ngawasa pulau > Jawa leuwih gede. Antukna kabeh rek dijadikeun bawahan, bade dipaksa > kawas Gresik atanapi kapaksa kawas Cirebon. Asupna Cirebon ka > Mataram mawa konsekuensi seurieus sabab Galuh oge kabetot nu asalna > dikawasa Cirebon jadi dikawasa Mataram. Di jaman Amangkurat Galuh > dipisah, Galuh nu ngan Ciamis ayeuna, Galuh luar (Dayeuh > Luhur/Cilacap) jeung Banyumas dipisah jadi kabupaten mandiri. Jaman > kamerdekaan Galuh luar kalah diasupkeun ka Jawa Tengah, nepi ka > ayeuna. Lila-lila bisa pareumeun obor yen baheulana urang tatar > sunda. > durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > cirobon condong ka Mataram? > Nurutkeun sumber nu pernah kuring baca cirebon leuwih seneng mun > medeka. Masalahna tentara cirebon henteu kuat lantaran ti mimitina > ngadeg Cirebon ngafokuskeun ka Dakwah ISLAM. Tah kukituna basa Mataram > makin ngaluaskeun wilayahna ku cara peperangan sareng invasi > mimitinamah ku mataram cirebon masih diaku sebagai negara medeka. > Indikatorna HENTEU KUDU NGIRIM UPETI. Tapi behdieukeun cirebon > dicaplok ku mataram (tanpa peperangan). Cirebon jadi bawahan mataram, > plus kudu ngirim upeti. Kitu deui Muria nu tadina diantepkeun merdeka > (Cirebon sareng Muria awalna dianggap kerajaan nu dihormati ku MATARAM > lantaran pangaruh spiritualna, hingga, meurun, teu di jajah). ====<diteukteuk, saluyu jeung atikan milist>===== -- Best regards, durachman mailto:[EMAIL PROTECTED] http://sg.f2.pg.briefcase.yahoo.com/dur74 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

