Eleueueueueueuh, leres eta teh kang?
Meni kayungyun nya? Panginten eta anu saleresna ESQ tea, urang islam mah (kaasup abdi) ukur tiasa teorina we anu sae teh! mung dina praktek mah tiasa disebatkeun nol besar!
Abdi mah sok nyebat anu kitu, jalmi sanes islam tapi langkung islami heheheheh!
Urang mah apanan apal, teu acan lami ratusan jelema (islam) kaurugan runtah....kunaon kusabab teu ngarti naon islam anu sabenerna heheheh!
 
Deny

mirajul muttaqien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Isuk keneh wanci teh, jarum jam karek nunjuk kana angka 9:15 menit. can kungsi 2 jam gawe teh, kurunyung budak direktur datang. rapi tur geulis meuni nyari da puguh masih gadis keneh pokokna matak kayungyun da mun seug urang sunda mah sigana kuring ge bakal bogoh....
 
saba'da salam Korea (Anyonghaseyo...) manehna terus asup ka toilet, sugan te mah rek naon barang saleretan di tempo geuning manehna keur nyikat WC (alias beberesih...). beu ceuk pikir kuring... "kieu budak direktur di Korea mah", teu kenal gengsi pedah budak direktur, nu penting no wahid mah ceunah KEBERSIHAN. sigana urang nu ngaku Islam ge eleh palebah dinya na mah.
 
sok geura titenan jalma di urang, sumawonna manehna budak direktur nu boga perusahaan, mana teuing daek meresihan WC. tapi da ieu mah di Korea geus sering pisan kuring nyaksian hal sarupa kieu teh. kumaha ari urang sunda nya? daek kitu budakna direktur siga kitu? naha moal gengsieun kitu? ach.. pokokna mah bener-bener picontoeun pokokna mah, sok mangga taroskeun ka Ua Siddik, atanapi Kang Yaya geura pasti sami jawabanna loba pisan pienteungeun hirup di Korea teh..
 
cag ach.....
 
Kin's 


Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke