Ohhh...muhun wios kang Dani, susuganan we sanes waktos urang tiasa kempel riung mumpulng deui. Kamari aya wacana kumaha cenah saurna upami dirutinkeun aya KOPDAR Bogor khususna. Insya Alloh nuju diproses sagala rupina, he..he..
Upami aya naon mah mangga tiasa kontak abdi di 0818109410. Abdi di bogorna mah caket SMU BBS (darmaga).
Nuhun,
 
Runa Inawan - Kusnet Mania

 
On 6/27/05, Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Runa, punten pisan abdi teu janteun ngiringan KOPDAR, eta email reksak
didinteun kemis janteun teu terang kasaha kontak sareng dimana ngempeulna.
Insya Allah upami aya deui abdi daftar.

nuhun,
Dani Ibrahim




                     Runa Inawan
                     <[EMAIL PROTECTED]        To:       [email protected]
                     >                        cc:
                     Sent by:                 Subject:  Re: [Urang Sunda] Kopdar dibogor
                     [EMAIL PROTECTED]
                     roups.com


                     06/27/2005 08:59
                     AM
                     Please respond to
                     urangsunda







Waalaikumsalam Wr. Wb.
Nambihan dongengna.
Alhamdulillah abi dugi ka payuneun Museum Zoologi pas tabuh 11 luyu sareng
rencana. Mung nya eta tea, angkatna mah ka bumina apih teh tabuh 12
langkung, he...he...

Sajajalan teh ngobrol we ngaler ngidul (tararik tea ngobrolna teh +
seuseurian rame pisan asa dina mobil sorangan we...he..he..) Aih ari pek
teh di angkot teh aya wanoja bogor lumayan herang mencrang oge. he...he...
Atuh eta para jajaka urang sunda teh langsung we pasang aksi, komo anu
caket ka eta wanoja mah, wah janten liar.....ha....ha....
Eeeeeehhhh ari pek teh saurna aya anu baseuh2. Ari sugan teh naon nya? Eta
langsung istri anu aya dina angkot oge mariksa diri sewang2an, saurna teh
"iya saya juga kok basah yah?", he...he..atuh abi teh gumujeng nguping eta
teh. Akhirna mah dugi we ka tempat anu dituju. Muhun saur kang yayan mah
caket saurna teh, mung nya eta tea "Caketna urang sunda tea" atuh lain
bantrak2keun, he...he...

Cape ahhh nyeratna bilih panjang teuing mun ngadongengna.
Tambihanana nya eta :
1. Kumaha salajengna perkawis "Halal Bihalal 2005", saurna teh Imas nawisan
lokasi teh di daerah cipanas.
   Kumaha eta saterasna?
2. Aya usul : kumaha upami KOPDAR di bogor teh dirutinkeun? Nya etamah
kanggo langkung ngaraketkeun tali mimitran diantawis baraya US anu di bogor
khususna. Aya komentar ?

3. Muhun tah kang Eko, diantos kinten2na kumaha wae konsep upami bade
ngayakeun "Ngawangkong US di Radio teh? Diantos pisan  ide2 segerna.

Mung sakitu heula panginten, mangga kanu sanesna bilih bade nambihan.

Runa Inawan - Kusnet Mania
Bogor-Tasik




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke