Aya yeuh pangalaman kuring ngenaan JURIGS, mung rada garing - kieu caritana :

 

JURIGS

 

Harita basa kuring jeung babaturan keur nalangkring pasosore dijembatan hareupeun taeunna si Beben, bari ngaheureuyan ABG ( anak bandung nu geulis ) nu ngaliwat balik ti sakola, kurunyung si Omi nyampeurkeun

 

Beben   : Timana wungkul juragan AOm? Karek mucunghul wayah kieu?

Berag    : Nembe tuntas ngahiyangna?

Omi      : Hehehe( nyerengeh )

Ajid       : Eh…kalahka hehehlain ngajawab ditanya teh...peuting dugem maneh nya?

Elan      : Wah…pasti peuting tadi bebenangan nya? Meunang sabaraha rit meni ka tilarna lila kitu euy?

 

Si Omi ditanyaan kawas cerdas cermat kitu angger wae teu ngajawab, kalahka kukuriling kawas paragawan dihareupeun Kuring Cs. Kuring nu titadi cicing bari ngenyot samsu jadi panasaran kana paripolahna si Omi. Barang Kuring ngareret ka handap kana sukuna si Omi, kasampak aya nu beda…

 

Duli       : Ah, siah...abong keneh sapatu anyar...ditanya teh lain ngajawab...pepeleyean kawas kitu...

Ajid       : Euleuh enya sapatuna anyar...wah puma model anyar ieu mah nya? Karek nempo euy...

Beben   : Heueuh...meni alus kitu...iraha meuli na?

Omi      : Tadi...

Kuring   : Meuli dimana?

Omi      : Ti ditu...

Elan      : Sabaraha ieu?

Omi      : Hiji...

Duli       : Hargana sabaraha?

Omi      : Teu di jual...

 

”JURIG SIAHHH!!!....” ceuk kuring saparakanca sabari nekean sirah si Omi bakateuing ku keuheul ngadenge jawaban manehna, ”...ngaku sia, jurig atawa si Omi?”

 

***Heup***        

 

 

 

 

 

-----Original Message-----
From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 28 Juni 2005 11:02
To: Kusnet
Cc: Kisunda; gan
kleboy; garut
Subject: [Urang Sunda] jurig

 

§         Baraya, manawi aya nu gaduh pangalaman panggih jeung jurig, cing sok dongengkeun...

jk


 

 

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke