sabenerna buku katilu teh geus lila jadi implengan. buku ieu mah 
hayang rada sarius. eusina, siga BUKU PINTAR SUNDA. ngeunaan A-Z 
Sunda. kahayang mah, unggal jejer aya, sanajan ringkes, dua puluh 
kaca. jadi mun aya 10 bagean, nya jadi 200 kaca.

BUKU PINTER SUNDA
daftar eusi
1. sajarah ringkes, dina henteuna nulis badagna sajarah Sunda ti 
baheula, nepi ka ayeuna. make silsilah raja jeung karajaan. bukuna 
nya nyuplik ti nu kang Yoseph Iskandar atawa sumber sejen.
2.bahasa
3. agama kapercayaan
4. filsafat/aturan hirup
5. antropologi ringkes.
6. geografi
7. sastra
8. tradisi 
9. kasenian
10.jrrd

atawa jejer naon bae nu rada badag. cing saha nu sanggup ngagarap 
sabab ewang. ke geus kumpul, di edit, terus dicitak.


--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Barayaw, ti saprak uing abus ka ieu milis, KUSnet can kungsi deui 
nyusun 
> buku. Duka aya patalina duka henteu, tapi da asa pamohalan aya 
patalina, 
> tapi duka ketang...
> Kungsi ketang, baheula, jaman Uwa Sas dilebuan, eh, di Surabaya, 
pancen teh 
> geus dibagi2 ka sababaraha urang milisi, sina nyimpen arsif 
surelek, saurang 
> sabulan. Ngan kusabab tongkat komandona ragrag duka di mana, si 
Uwa teu bisa 
> ngomando deui, ongkoh paciweuh pindahan ti Sby ka Bdg.... Tah, ku 
kituna, 
> kuring usulan, kumaha mun KUSnet nyusun deui buku? Satuju teu? Nu 
teu satuju 
> ngacung!
> 
> jk
> nu boga pancen baheula, arsifna disarimpen keneh teu? Nu bagean 
kuring ge 
> teuing teu aya teuing euweuh...





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke