Hatur nuhun kang kumi tos pangwalerkeun. Muhun sok rajeun teu emut subjekna tara digentos. Mun hilap punten bae, sareng manawi aya baraya anu kersa manggentoskeun mun isi postingan tos teu nyambung sareng subjekna.
 
 
Salam,
Neng Iva 

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Komunitas Urang Sunda di Internet.

Porum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan porum ieu sadaya anggotana tiasa ngedalkeun sagala uneg-uneg, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-), ... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun 'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun porum ieu pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda!

Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]
  1. Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha.
  2. E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma.
  3. Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris.
  4. Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
  5. Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang.
  6. Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.
  7. Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam].
  8. Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet.
------------------------------

Nu ditekenkeun dina ieu aturan, lain masalah hampang beuratna jejer nu dicaritakeun. Sok, naon bae oge bebas, ngan..... Aya NGAN-na, kudu tetep ngajaga sopan santun/aturan (netiket). Netiket, urang candak nu gampilna bae: mun urang NGIRIM SURELEK, kudu puguh JUDUL jeung EUSINA. Sok komo mun geus uplek patembal-tembal, sok poho ka judul. Tangtu, pikeun nu ngobrol & nu nuturkeun obrolananana mah, bisa bae resep pisan, matak pogot. Tapi sing emut, anggota milis teh TEU SADAYANA NANGKRING 12 JAM HAREUPEUN KOMPUTER. Jadi, teu sadayana nuturkeun jejer nu uplek diobrolkeun. Mun nilik pisikna mah, geus puguh ieu teh surat, ari eusina hayoh bae sabaris dua baris mah meureun geus teu loyog disebut surat (urang tangtu bisa nangtukeun kalawan leuwih fleksibel, keun bae kitu ge, asal ulah kamalinaan). Kadua, mun NGABALES SURELEK, omat eta EUSI SURAT nu samemehna, nu sakirana geus teu perlu dicutat deui, HAPUS BAE.
Simkuring oge perelu nekenkeun, yen ieu teh lain masalah payu atawa teu payuna hiji jejer. Nu dipiharep, urang bisa silih banjur pangaweruh. Tah, sabot silih banjur ku pangaweruh, bisi aya nu rek nyuguhkeun banyol, tatanya pancakaki, jeung sajabana, mangga pisan. Tapi, mangga luyukeun jeung netiket tea...

kuncen#5


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke