Ha...ha...ha.... aya kurajin eta mah batur, mani kumplit kitu. Ari inget film indonesia sok inget pangalaman kuring naek beus ti Padang ka Muarabungo baheula di taun 1980'an. Harita mah lamun rek ka Muarabungo leuwih gampang ti Padang batan ti Jambi da jalan Jambi - Muarabungo acan nyambung. Indit teh sosorangan we, teu jeung batur, da ari babaturan mah geus ti heula ka Muarabungona teh.
Turun tina kapal hiber di Tabing Padang jam 10 Beurang, kuring nuju terminal di kota Padang, langsung naek kana beus nu ka Muarabungo. Beusna alus, malah aya videona sagala (full video). Jero hate, luamyanlah, tamba kesel, bisa lalajo film video. Ngahaja neangan tempat diuk teh anu ngeunaheun lalajona. Jung weh beus teh indit, video diputer, filmna ...."satria Bergitar" (oma Irama) sorana disetel tarik pisan, mangkaning kuring deukeut pisan jeung speaker. Waduh jadi teu puguh dedengean. Tappi ngupahan maneh, "satria Bergitar" teh dilalajoan, bari jeung teu resep oge. Sanggeus sajam, film enggeusan, kuring bisa sare. Beus eureun di rumah makan, terus indit deui, video diputer deui, filmna.... "satria bergitar" deui. Kapaksa dilalajoan deui da teu bisa sare, ningali Oma Irama tumpak kuda mamawa gitar, tepi ka tamatna deui. Ari sugan teh eta film teh moal diputer deui tapi kernet beus ngagulung (rewind) deui videona, cilaka film diputer deui. Tepi ka Muarabungo geus maghrib, lumayan wareg tilu kali lalajo Oma Irama jadi satria teh. Meunang dua poe, kuring di Muarabongo, terus balik deui ka Padang kana beus deui, perjalananana peuting da mangkatna ti Muarabungo jam 8 peuting. Waktu geus diuk dijero beus, rarat-reret, cilaka beus na teh sarua jeung nu kamari nu mawa kuring ka Muarabungo, aya TVna aya Videona, jeung aya cassetena nu merkna "Satria Bergitar". Kapaksa kuring lalajo "Satria Bergitar" meunang tilu kali deui. Lalajo Oma Irama jadi satria dina beus perjalanan peuting, kacida nyiksana, disarekeun teu bisa, da speakerna tarik pisan, kapaksa beunta sapeupeuting. Turun di Padang, aya nu ngajemput, terus nanya, kumaha resep ka Muarabungo teh? Resep, ceuk kuring teh, kuring khatam genep kali lalajo Oma Irama jadi satria! Baktos, WALUYA --- In [email protected], "dennie" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > MessageAdegan-adegan yang biasanya ada dalam film-film Indonesia > tahun 1970-an dan 1980-an : > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

