|
Kang Ganjar, hatur nuhun pisan kana pangrojongna,
ngeunaan CD kosong sareng CD Writer mah, ceuk sim kuring mah langkung sae
di ka Cupumanikeun ( di Cupumanik saur Kang Hawe mah tos aya hiji/ upami
teu lepat dina komputer nu sok dianggo ku Dadan aya saena ditambihan hiji
deui ), atuh nu hiji deui mah tiasa bae di YP ( di pupuhuna nyaeta di Mang
J).
Janten kanggo ngaduplikasi CD aya 5 tempat
(sementawis), di sim kuring, di Kang Soni, di Cupumnaik 2, di MJ.
Kanggo kaperyogian ngaduplikasi CD kantun
nyuhunkeun ka Cupumanik, pangna sim kuring nyarankeun disimpen di Cupumanik
supados unggal waktos ge aya kumargi Cupamanik mah kantor.
Atuh upami baraya Kusnet anu di Jakarta, Bogor,
sareng anu sanesna bade ngiring mantuan ngaduplikasi kalintang dipiharepna,
kanggo biaya meser CD kosong tiasa tina kencleng YP teu kedah dikintun CD kosong
ti Bandung
Kaleresan tadi sonten ka rorompok si kuring aya MJ
sareng Kang Soni, nya ngobrolkeun soal eta, kitu deui eusina.
Kang Soni tos nyobian ngadamel "auto run" supados
CD dilebetkeun teh langsung "run" sareng mucunghul seratan Gawe Bareng Kusnet
jeung Cupumanik.
Kanggo edisi munggaran mah urang eusian ku
Ngalagena-0.3.ttf ditambih carana instalasi, Game basa Sunda, Hasil
Digitalisasi, ngawanohkeun Kusnet, rekaman kagitan Kusnet, ngawanohkeun
Cupumanik/ web-na.
Perkawis video duka tah eta mah teu langkung baraya
di Kusnet bae, nu aya di sim kuring mung video waktos peluncuran buku SBJS (gawe
bareng sareng Lisenda), waktos tepung lawung sareng Pa Ayatrohaedi
( nu ieu mah garapan baraya Kusnet nu di Jakarta).
Ka baraya sadayana, pangna sim kuring ngayakeun
gawe bareng sareng Cupumanik teu aya sanes iwal ti kataji ku "idelaisme"na,
sapertos anu didugikeun ku pupuhu redaksi Cupumanik waktos kongres kaping 19
Juni 05 tea, teu aya "masturbasi" soal eusi, teu aya jual dedet, sugan we atuh
ku ayana gawe bareng ieu tiasa langkung maju dina hal tiras
kapayuna.
Hususon kanggo Kang Dian Tresna Nugraha anu
parantos ngadamel komputerisasi aksara Sunda, sakali deui didieu sim kuring
nyuhunkeun widi kanggo diembarkeun ngalangkungan CD anu bade dipigawe, kitu deui
ka Kang Sonirosa game basa Sunda (wanara kumincir sareng jeknyeh) nyuhunkeun
widi diembarkeun.
Perkawis usulan Kang Kumincir soal ngedarkeun CD
teh aya saena, nya kanggo langkung selektip sareng supados mangfaat ka anu
dipasihanana, urang tingal bae runtuyan pelanggan Cupumanik nu tos maneuh,
didinya urang tiasa ngilo naha eta pelanggan teh gaptek atanapi henteu, naha eta
pelanggan teh gaduheun komputer atanapi henteu ("underestimate"...?), memang
leres upami langsung dikintun ka unggal pelanggan maneuh mah bilih
mubadzir.
Kang Ganjar...(rada ngaharewos nu ieu mah) mangga
diantos CD kosong sareng CDWriter-na, da saur MJ ge dina kencleng YP teh ayeuna
aya 9 juta.
MSasmita
(Mang J honor teh lain 700 rebu...eung...tapi 750
rebu....!! --- nu ieu mah ngaharewos pisan).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id ---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?> YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge Progra... MSasmita
- Re: [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge P... Buyung NulHakim
- Re: [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge P... oman abdurahman

