Teh Puppy, Mang H, Roisz, sadayana... ti kapungkur oge asa sok sakedik2 maerhatoskeun masalah kukurupukan ieu. Janten aya ideu kumaha mun urang ngaroris macem2 kurupuk nu aya di TS, lulumayanan keur bahan dokumentasi sajarah budaya urang mun seug kapayunna kurupuk kalindes ku zaman.
Kaduana lumayan oge keur bahan wikipededia tea, tos lengkep mah kantun disalin we ka Teh Wiki teh. Ku kituna aya saena ngarorisna teh ku cara nambihan daftar di handap alias teu kedah ngadamel posting reply.. Punten bada dimimitian ku abdi, tapi saka we nya inget: KURUPUK (kerupuk (B. Indo); Crackers (Engl.): kurupuk teh salah sahiji jenis dahareun nu kaasup kategori jajan pasar (snacks). Sanajan kitu, disababarahe wewngkon, utamana Tatar Sunda, kurupuk biasana dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun munel sejenna (hucap, baso, lotek jrrd). Bahan dasar kurupuk biasana sajenis tipung nu diadon (kumaha ngadamel kurupuk teh nya?) jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, dikukus, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotong-potong atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi atawa kotak), digaringkuen pikeun engkena digoreng dina minyak panas. Sababaraha jenis kurupuk nu loma aya di Tatar Sunda diantarana: 1. Kurupuk aci: kurupuk pangkawentarna di Tatar Sunda alias kurupauk standar kulantaran murah. Dijieun tina aci sampeu [nu terang cara nyieunna mangga ditambihan]. Biasana bentukna buleud jeung warnana bisa macem-macem sanajan warna panglomana mah bodas. Ieu kurupuk teu pati kuat dina rasa, meureun kulantaran cara nyieunna nu teu ngagunakeun bungbu (mangga dikoreksi). 2. Kurupuk kulit (rambak): Kurupuk nu loba dijual di wewengkon Cirebon- Indramayu. Dijieun tina kulit sapi [?? sami teu terang cara nyieunna, mangga ditambihan]. Rasana gurih deukeuk ka asin tur boga ciri has sok lengket ka letah bari jeung mere "sensasi" tingbeletok. 3. Kurupuk melarat: Kurupuk ieu oge loba dijual di wewengkon Cirebon. Dijeun tina duka.. rasana ge hilap deui 4. Kurupuk bondon: duka... hehehe 5. Kurupuk hurang: Kurupuk ah bingung nyeratna, asa aya dimamana kurupuk ieu mah nya? 6. Kurupuk Gendar: ..... 7. Kurupuk Gadung: didamel tina gadung ;p..... jst 8. Saroja: Kurupuk sanes ieu teh? kitu ieu teh 9. ....... jst... baktos yudi --- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > abi ge mun teu aya nanaon rencang sangu, neda teh jeung kurupuk > diancurkeun digalokeun weh jeung sangu haneut tuluy dikecapan... > karesep teh salian ti kurupuk, kana ati hayam nu kabayangna ku abi > mun ucing dipeuncit, eta dagingna, jadi kana ati hayam teh sok > nyebut daging ucing.. dugi ka ayeuna ati hayam mah kabeuki.. duka > kumaha atuh mimitina.... > > da kang roisz mah anak mama... baso ge tara diladaan da sieun > diseuseulan ku mamah mun kaborosotan teh :P > > ~ipup~ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

